Hubungan antawis Puérto Riko jeung Amérika Sarikat jujutanna nepi kaPerang Spanyol-Amérika, di aman Spanyol, dinaTraktat Paris 1898, méré pulo ieu ka Amérika Sarikat. Warga Puérto Riko janten warga AS dina 1917, sartaKongrés Amérika Sarikat ngatur rupa-rupa perkawis kahirupan Puérto Riko.[9] Tapi, masarakat pulo teu kaci milu Pamilu Présidén AS.[10][11] Saprak 1947, Puérto Riko bisa milihgubernurna sorangan. Basa resmina nyaéta basa Spanyol jeung Inggris, kalwan basa Spanyol jadi basa utami.Status pulitisna ayeuna, kaasup kamungkinan jadiNagara Bagian atanapikamerdikaan, diomongkeun luas di Puérto Riko.
Salaku wewengkon nu teu kagabung ti Amérika Sarikat, Puérto Riko teu miboga babagian administratif kahiji sakumaha diterangkeun kuPamaréntah AS, tapi aya 78munisipalitas (~kotamadya) di tingkat ka-2 nu mana fungsina salakucounty. Munisipalitas teras dibagi kanabarrio. Unggal munisipalitas mibogamayor jeung badan législatif nu dipilih pikeun jabatan 4 taun.
↑Daly, Christopher, Eileen H. Helmer, and Maya Quiñonez. 2003. Mapping the Climate of Puerto Rico, Vieques and Culebra. International Journal of Climatology 23: 1359-1381.
Artikel ngeunaangéografi ti hijinagara atawawewengkonieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.