Républik Prancis mangrupa nagaradémokrasi anu bentuknarépubliksemi-presidénsialkahijian. Idé utamana diekspresikeun dinaDéklarasi Hak Asasi Manusa jeung Warga Nagara. Dina abad ka-18 jeung ka-19, Prancis ngawangun salah sahiji karajaan kolonial panggedéna, ngawengku sababaraha wewengkon diAfrika Kulon jeungAsia Tenggara, sarta méré pangaruh budaya jeung pulitik ka wilayah éta. Prancis kaasup nagara maju dibarengan ku ékonomi anu panggedéna kagenep di dunya. Prancis mangrupa nagara anu pang lobana didatangan ku turis di dunya, narima leuwih ti 79 yuta turis asing satiap taun (kaasup jelema anu arék bisnis, tapi henteu kaasup jelema anu cicing kurang ti 24 jam di Prancis). Prancis téh salah sahiji anggota anu ngadegkeunUni Éropa, jeung miboga wilayah daratan panggedéna diantara kabéh anggotana. Prancis ogé mangrupa anggota anu ngadegkeun Perserikatan Bangsa-Bangsa, sarta anggota Francophonie, G8, jeung Uni Latin. Prancis dinaPBB jadi salah sahiji tina lima anggota tetep Déwan KaamananPerserikatan Bangsa-Bangsa. Ngaran Prancis dumasar tina Frank (Franc), urang Jermanik anu nempatanEropa kalér saenggeus runtuhnaKakaisaran Romawi Kulon. Leuwih benerna, wilayah di sabudeureunParis, anu disebat Île-de-France, nyaéta taneuh karajaan Prancis anu asli. Raja Frank kahiji, Clovis, dianggap salaku karuhun raja-raja Prancis.
↑Sakabeh wewengkon Republik Prancis, kaasup sakabeh bagean jeung wewengkon nu meuntasan sagara(overseas), tapi teu kaasup wewengkon Terre Adélie di Antarktika nu kadaulatannanaditunda saprak ditawisnaPerjangjian Antarktika taun 1959.
↑Sakabeh Republik Prancis kajaba wewengkon peuntas sagara di Samudra Pasifik.
↑Ukur wewengkon peuntas sagara di Samudra Pasifik.
↑abSalah ngutip: Tag<ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamametropolitan_France
↑Minangka tambahan keur.fr, sababaraha TLD Internet lianna dipake di bagean jeung wewengkon peuntas sagarana Prancis:.re,.mq,.gp,.tf,.nc,.pf,.wf,.pm,.gf and.yt. Perancis ogé make.eu, babagi jeung anggotaUni Eropa lianna.
1 Haspart of its territory outside Europe. 2 Sagemblengna aya diAsia Kulon tapi boga hubungan sosio-pulitis jeung Eropa. 3 Hasdependencies or similar territories outside Europe.