Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Portugal

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
República Portuguesa
Bandéra PortugalLambang Portugal
Motto
Lagu

A Portuguesa
"Lagu Kabangsaan Portugis"
Location of Portugal
Location of Portugal
Ibu kota
(jeung kota panggedéna)
Lisbon
Basa resmiPortugis1
PamaréntahRépublik
 - PrésidénMarcelo Rebelo de Sousa
 - Perdana MenteriLuís Montenegro
Formasi
 - Pawangunan868 
 - Pawangunan ulang1095 
 - Kadaulatande facto24 Juni 1128 
 - Karajaan25 Juli 1139 
 - Diakuan5 Oktober 1143 
 - Pangakuan Kapausan23 Méi 1179 
 - Réstorasi Kamerdékaan1 Désémber 1640 
 - Pangakuan Réstorasi Kamerdékaan13 Pébruari 1668 
 - Républik5 Oktober 1910 
Aréa
 - Total 92.090 km² (110)
35.645 mil² 
 - Cai (%)0,5%
Populasi
 - Perkiraan  201110.647.763 (77)
 - Sénsus 201110.555.853 
 - Kapadetan115 /km² (96)
? /mil²
GDP (PPP)Perkiraan 2005
 - TotalUS$194,4 miliar (40)
 - Per kapitaUS$18.503 (39)
Mata uangEuro2 (EUR)
TLD Internét.pt
Kode telepon+351
1.Basa Miranda resmi diakuan dina 29 Januari1999.2. Mata uang saméméh2002 nyaétaÉscudo.

Républik Portugal mangrupa hijinagara diÉropa bagian barat daya. Nagara ieu tepung wates jeungSpanyol di beulah kalér jeung wétan. Di beulah kulon tepung wates jeungSamudra Atlantik. Salian ti éta, Portugal ogé miboga wewengkon diMadeira,Asores, jeungKapuloan Selvagens. Portugal ngaklaim hiji wewengkon leutik nu ngarannaOlivença nu dikawasaan Spanyol tiKongrés Wina. Ngaran lami atawalatin ti nagara ieu nyaétaLusitania.

KecapPortugis mindeng dipaké pikeun nyebutkeun padumuk atawa urang nu asalna ti Portugal. Kecap ieu ogé sesebutan pikeun basa nu dipaké ku bangsa ieu. Nagara-nagara nu maké basa Portugis sok disebut minangka nagara-nagaraLusophone.

Wewengkon jajahan Portugis dina puncak kajayaanna, tiBrasil nepi kaTimor Lésté.

Portugal téhnagara maju[1] jeung kaasup nagara anggotaUni Éropa, ngagabung dina taun 1986.

Politik

[édit |édit sumber]

Portugal mangrupa nagara républik kalawanLisbon minangka ibu kota nagara. Opat komponén utama dina pamaréntahan Portugal nyaéta:Présidén minangka pupuhu nagara,Parlemén,Perdana Menteri minangka pupuhu pamaréntahan jeung mahkamah luhur. Konstitusi ngabagi kakawasaan éta jadiéksekutif,législatif, jeungyudikatif. Présidén dipilih saban lima taun, samentaraPerdana Menteri dipilih langsung ku présidén jeung umumna mangrupa pamingpin ti partéy nu meunang pamilu. Institusi législatif diwangun ti 230 urang députi nu bakal ngajabat 4 taun. Ari mahkamah diwangun ti yudisial, administratif, jeung fiskal.

Babagian administratif

[édit |édit sumber]

Portugal miboga 18distrik jeung 308munisipalitas.

Distrik[2]
 DistrikAréaPopulasi  DistrikAréaPopulasi
1Lisbon2.761 km²2.124.42610Guarda5.518 km²173.831
2Leiria3.517 km²477.96711Coimbra3.947 km²436.056
3Santarém6.747 km²445.59912Aveiro2.808 km²752.867
4Setúbal5.064 km²815.85813Viseu5.007 km²394.844
5Beja10.225|km²154.32514Bragança6.608 km²148.808
6Faro4.960 km²458.73415Vila Real4.328 km²218.935
7Évora7.393 km²170.53516Porto2.395 km²1.867.986
8Portalegre6.065 km²119.54317Braga2.673 km²879.918
9Castelo Branco6.675 km²208.06918Viana do Castelo2.255 km²252.011
Pamaréntahan otonomi
Daérah otonomAréaPopulasiDémonim
Asores
2.333 km²
243.101
Azorean
Madeira
801 km²
244.098
Madeiran

Réferénsi

[édit |édit sumber]
  1. Appendix B – International Organizations and Groups: developed countries (DCs)Archived 2008-04-09 diWayback Machine, CIA — The World Factbook — Appendix B,The World Factbook
  2. "Districts of Portugal". Distritosdeportugal.com. Diakses tanggal2010-08-22. Archived 2018-12-26 diWayback Machine

Tempo ogé

[édit |édit sumber]

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeungPortugal.

  Tempo ogéPortugal di Wikivoyage











Artikel ngeunaangéografi ti hijinagara atawawewengkonieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Portugal&oldid=666490"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp