Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Pluto

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Planét Pluto

Pluto (ᮕᮣᮥᮒᮧ) (ngaran resmi: 134340 (|᮱᮳᮴᮳᮴᮰|); simbol:⯓[1] jeung♇[2]) nyaéta hijiplanét leutik (dwarf planét) dinaSurya Mandala.[3]Saméméh 24 Agustus2006, Pluto statusna minangka hijiplanét sarta mangrupaplanét pangleutikna sarta panglaérna (runtuyan kasalapan) tiPanonpoé.[3]Dina7 Séptémber2006, ngaran Pluto diganti jadi nomer waé, nyaéta 134340.[3]Ngaran ieu dibikeun kuMinor Planét Center (MPC), organisasi resmi anu tanggung jawab dina ngumpulkeun data ngeunaanasteroid sartakomét dinasurya mandala .[3]Dina taun1978 Pluto dipikanyaho mibandasatelit anu ukuranana henteu leutik teuing nu dingarananCharon (diaméter 1.196 km).[3]Saterusna kapanggih deui satelit séjénna,Nix sarta Hydra.[3]Saprak kapanggih kuClyde William Tombaugh, saurangastronom ngora diObservatorium Lowell, dina18 Pébruari1930, Pluto saterusna jadi salah sahiji anggotaSurya Mandala anu tempatna panglaérna .[3]Jarak Pluto jeung panonpoé nyaéta 5.900,1 juta kilométer.[3]Pluto mibanda diaméter anu ngahontal 4.862 km sarta mibanda massa 0,002 massaBumi.[3]Période rotasi Pluto ny aéta 6,39 poé, sedengkeun périoderévolusi nyaéta 248,4 warsih.[3]Wangun Pluto mirip jeungBulan kalayanatmosfer anu ngandungmétan. Suhu lakop Pluto kira-kira -233o célsius nepi ka -223o célsius, ku kituna wujudna lolobana és.[3]Numutkeun para ilmuwanNASAplanét Pluto anu leutik sarta perenahna di panungtung sistemsurya mandala urang kiwari beuki boga warnabeureum.[4]Gambar-gambar anu dicokottéléskop rohang jomantara Hubble nempokeun yén planét éta 20% leuwih beureum ti saméméhna.[4]Para pakar yakin fénoména éta disababkan ku parobahan dina és anu aya di lakop Pluto dina waktuplanét ieu ngasupan tahap anyar tiorbit salila 248 warsih.[4]Gambar-gambar anyar ieu nempokeunnitrogén anu ngimpel beuki ngolényay dikalér sarta beuki gelap di bagiankidul.[4]Parobahan-parobahan ieu kamungkinan badag mangrupa akibat tina lééhnaés dikutub anu kakeunaan sinarPanonpoé samentara dikutub séjénna ngimpel.[4]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. JPL/NASA (2015-04-22)."What is a Dwarf Planet?".Jet Propulsion Laboratory. Diakses tanggal2022-01-19. 
  2. John Lewis, ed. (2004).Physics and chemistry of the solar system (2 ed.). Elsevier. p. 64. 
  3. abcdefghijk(id)Pluto[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 1 Desember 2011)
  4. abcde(id)Planet Pluto berubah warna[tumbu nonaktif] (diaksés tanggal 1 Desember 2011)
Artikel ngeunaanfisikaieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Pluto&oldid=673147"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp