Peroksisom mangrupaorganélséleukariota nu pancénna pikeun méré sihan sél tina zat-zat racun; ku kituna ieu sél sumebar di salukiah jero sél. Mémbranna mangrupa hijilapis ganda lipid nu misahkeun eusi 'beuteung'na tisitosol (cairan jero sél) nu ngandung rupa-rupa protéin mémbran nu boga pancén penting pisan, kayaning ngimpor protéin jeung mantuan proliferasi. Teu kawaslisosom nu dibentuk dinajalur sékrétori, peroksisom mah bisa ngaréplikasi diri ku cara ngagedéan, terus meulah manéh, najan anu munggaran mah sigana dibentuk langsung. Peroksisom kapanggih ku ahli sitologi BélgiaChristian de Duve taun1965.
Katalase, énzim séjén di peroksisom, lajeng ngarobah H2O2 ieu pikeun ngoksidasi substrat séjén, kayaningfénol,asam format,formaldehid, jeungalkohol, ngagunakeun réaksi peroksidasi:
, nu ngaleungitkeun hidrogén peroksida nu ngabahyakeun.
Ieu réaksi penting pisan dina sél-sél ati jeung ginjal, nyaéta pikeun ngancurkeun rupa-rupa sanyawa toksik (detoksifikasi) nu asup kana getih. Ku cara di luhur, kira 25%étanol anu diinum ku urang dioksidasi jadiasetaldehida. Mun H2O2 ngagunduk di jero sél, katalase ngarobah ieu molekul jadi cai maké ngaliwatan réaksi
Pancén utama peroksisom nyaéta pikeun ngarecah molekul-molekulasam lemak dina prosés nu katelahoksidasi-béta. Dina ieu prosés, asam lemak direcah sarta dirobah jadiAsetil-KoA, nu lajeng dipulangkeun deui kasitosol pikeun guna séjénna. Dina sél-sél sato, oksidasi-béta bisa ogé lumangsung dimitokondria, sedengkeun dina kapang jeung tutuwuhan mah hususon di peroksisom.