Rowland Hill lahir diInggris,3 Désémber1975.[2] Nalika umurna sabelas taun, manéhna geus mantuan bapana ngajar disakola.[2] Sanggeus dewasa, manéhna jadiguru.[2] Bareng jeung salah saurang barayana, Hill ngadegkeun hiji sakola istimiwa diBruce Castle diTottenham.[2] Hill ngaleukeunan pakasabanana henteu kurang ti lima belas jam sapoé, alatan éta kaséhatanana kaganggu.[2]
Sanggeus cageurRowland Hill henteu deui jadi guru jeung henteu terjun langsung di yayasan deui.[2] Basa haritaE.G. Wakerfield ngadegkeun hiji perkumpulan anu miboga tujuan pikeun muka jajahan diAustralia Selatan ditarima ku parlemen, Hill diangkat jadi sekertaris.[2] Hill ogé ngamangpaatkeun waktu luangna pikeun nyiptakeunmesin citak, tapi mesin citak timuanana henteu dipaké ku jalma réa sakumnana.[2] Saterusna, Hill ngaleukeunan élmu administrasi sarta perpajakan, perpajakan ieu téa anu ngarojong muculna perangko.[2]
NalikaInggris ngembang jadi nagara industri taun1830, transportasi ngalaman kamajuan, contona ku ayana jalurkaréta api ti Kulon ka Wétan sarta ti Kalér ka Kidul.[2] Dina waktu éta Majelis handap jeung Majelis Luhur dina parlemen méré hak ngirim surat gratis, teu kudu mayar.[2] Hill nempo yén hal éta mangrupa hiji pemborosan anu ngarugikeun kas nagara.[2] Hill saterusna mikir néangan cara sangkan meunangkeun duit pikeun kas karajaan ti pajeg pengiriman surat-surat.[2] Pamustunganana Hill manggihan ideu pikeun nyieun perangko minangka biaya pengiriman.[2] Perangko ciptaanana nyaétaPenny Black anu mangrupa perangko kahiji di dunya.[2] Tuluy taun1860, Hill ogé dipercaya minangka sekretaris Pausahaan Jawatan Pos anu mangsa harita mangrupa kalungguhan pangluhurna.[2]
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.