PanonmanusaPanon manusa cenah mangrupa jandéla jiwa
Panon (basa hormat:Soca) atawamata mangrupa hijiorgan nu boga tujuan pikeun ngariksacahya. Panon nu pangbasajanna teu migawé lian ti ngariksa naha sakuriling téh caang atawa poék. Panon nu leuwih kompléks dipaké pikeun nyadiakeun rasasawangan.
Panon majemuk dipimilik kuartropoda (insékta jeung sabangsana), nu disusun ku fasét-fasét basajan nu ngahasilkeunpixelated image (lain sababaraha gambar sakumaha nu disangka).
Pikeun lolobanavertebrata jeung sababarahamolluska, fungsi panon nyaéta pikeun ngeunteungkeun (proyéksi) gambar kanarétina nu peka ku cahya, nu tuluy ditransmisikeun ngaliwatansaraf optik kauteuk. Panon bentukna buleud, dieusi ku zat kawas jéltransparan nu disebutvitreous humour, tuluylénsa jeung otot nu disebutiris nu ngatur kadar cahya nu asup.
Sangkan bisa fokus, cahya nu asup kududiréfraksikeun. Jumlah réfraksi nu diperlukeun gumantung kana jarak objék nu keur ditempo. Objek nu jauh ngabutuhkeun campuran cahaya, dibandingkeun objek nu deukeut. Mindengna, refraksi kajadian di bagiancornea nu miboga curvatur nu tetep.