Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Palastik

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Parabot Rumah Tangga nu dijieun tina palastik
BolaPingpong

Palastik nyaéta bahan anu mibanda salah sahiji tina rupa-rupaorganiksintétik atawasémi-sintétik anu gampang dijieun ngajadi rupa-rupa barang kabutuhan.[1] Bahan palastik biasana mah tinapolimérorganik anumassamolekulna luhur, sanajan dina prakna mindéng ngandungzat-zat séjén.[2] Palastiksintétik téh biasana mah paling sering diproduksi kupetrokimia, tapi henteu saeutik ogé anualami.[3][4]


Lantaran biayana anu kawilang murah, pabrik ogé gampileun nyieunna,fléksibilitas, ongkoh deui henteu tembus angin(imperviousness)[5]. Palastik loba pisan dijieun pikeun dimangpaatkeun[6]. Ieu palastik geus ngésérkeun bahan-bahan anu baheula/tradisional dipaké, sapertikai,batu,tanduk jeungtulang,kulit,kertas,logam,kaca, katutkeramik.[7] Dina lolobanana geus diganti ku ngamangpaatkeun palastik, malahan nepikeun kaseumat/jepit kertas keurpesawat ruang angkasa.[8]. Dimangpaatkeun ogé keur kaperluanmobil malah (nepi ka 20% pamakéan palastikna), parabot/furniture, ogécocooan.[9]

Pedaran

[édit |édit sumber]

Di nagaraberkembang, bisa waé henteu sarua - aya anu nyebutken 42% tina pamakéanIndia dipaké bungkus.[10] Dina widang kaséhatan ogé palastik loba pisan mangpaatna, tapi béda hartina jeung operasi palastik, lantaran éta mah dimaksudkeun kana bahan plastisitas anu hartina nyieun deui anu wujudna jeung sipatna kawas daging.[11]Palastik anu minuhan dunya ieu téh mimitina tinabakelite, diciptakeun diNew York dina taun1907 kuLeo Baekeland[12] anu nyiptakeun sebutan palastik[12]

Loba para ahlikimia meré mawéh élmu pangaweruh ngeunaan bahan tina palastik. Kaasup jawaraNobelHermann Staudinger Katelahna bapakimia polimer ogéHerman Mark, anu kawentar bapakfisika polimer[13] Ceuyahna pamakéan palastik ieu dimimitian awalabad ka-20 anu ngabalukarkeun masalahlingkungan alatandékomposisi lila/ hésé ancur dina mangsa geus ngajadi runtah ku alatankomposisi/ campuranmolekul anu kawilang gedé.[14] Kiwari masalah runtah palastik ieu dileukeunan ku tarékahdaur ulang/ diancurkeun satuluyna bisa diolah deui.[15][16]

Etimologi

[édit |édit sumber]

Kecap palastik asalna tinabasa Yunani / πλαστικός /(palastikos) anu pihartieunana "bisa dijieun/wujud atawa nyieun/ ngawujud", tina /πλαστός /(plastos) anu pihartieuna "diwangun". Ieu dumasar kana sipat palastik anu leuleus, atawaplastisitas dina mangsa keur dijieuna.[17] Ku lantaran kitu aya rupa-rupa cara pikeun ngolah ieu palastik, aya anuThermoforming (diteken), disuntikeun/ citak injéksi, diekstrusi. Aya ogé anuditiup/blowing, satuluyna ieu palastik aya anu dijieunsheet lambaran,serat/benang,botol,gelas,piring jeung sajabana,[18][19].

Sajarah

[édit |édit sumber]

Kamajuan dina widang palastik ieu kawilang geus ngaronjat. Hal ieu bisa ditingali ku ayana pamakéan bahan tina kimia anu saméméhna ngagunakeun bahan-bahan anu asalna ti alam (umpamana,karét,nitroselulosa,kolagén,galalite) jeung anu bener-bener maké molekul sintesis (saperti,bakelite,epoxy,Polyvinyl chloride).[20] Palastik téh mimitina tina bahanbio-derived/bahan ti alam anu tuluy diropéa deui jadipolimerorganik. Dina taun 1600 SM,Mesoamericans bola/ball ngagunakeunkarétalam,band, ogé papatungan.[rujukan?] Dina abad pertengahan tanduksapi digunakeun saperti dipaké keur jandéla lantéra.[21] Bahan anu nurutan kana ieu tanduk diropéa tinaprotéin susu (kasein) jeungalkali.[22]

Dina taun1800, sabagaén industrikimia anu rekah sajeroningRévolusi Industri, loba bahan anu dilaporkeun.[rujukan?] Kamajuan widang palastik ogé leuwih gancang ku pamagihCharles Goodyearvulkanisasi pikeun bahantermoset anu asalna tina alam.[rujukan?]

Parkesine dipercaya mangrupa palastik anu pangmimitina dijieun.[rujukan?] Bahan palastik geus dipaten kuAlexander Parkes diBirmingham,Inggris dina taun1856.[23] Diresmikeun dina paméran gedé internasional diLondon taun1862. 10Parkesine meunangmedaliperunggu di taun1862 diLondon[24].Parkesine dijieun tinaselulosa (bagian anu utama tinadinding sel pepelakan) dicampur kuasamnitrat sangkan leyur/larut. Hasilna (umumna dipikawanoh nyaétanitratselulosa atawa (pyroxilin)bisa liyur/larut kanaalkohol tuluy ngabagel jadi bahan anu transparan turélastis anu bisa dibentuk deui lamun dipanaskeun.[25] Ku jalan ngahijikeunpigmén/bahan keur campuran kelir kasajerounna, robah wé kelirna rada krém atawa gumantung kana kelir anu diasupkeun.[rujukan?]

Campuran Palastik

[édit |édit sumber]

Ilaharna palastik diwangun tinapolimér organik. lolobana tina ieupolimér dumasar kana kantétan/rantéatomkarbon wungkul. Bisa ogé jeungoksigén,sulfur/walirang, atawa ogénitrogén. Tulang pikeun kantétan atom tadi nyaéta sabagian tina kantétan/ranté anu utama "jalan" anu ngahubungkeun sabagian gedé bagéan anu sarua. pikeun nyaloyogkeun sipat-sipat palastik, unggal kumpulan molekul anu béda "ngagantung" tina tulangna (biasana manéhna "digantung" mangrupa sabagéan tinamonomér saméméhmonomér disambungkeun supanya ngajadi kantétan/ranté polimer).Struktur ieu "kantétan di gigir" mangaruhan sipatpolimer. Ieu mangrupa parobahan anu hadé anu mangaruhan sipat-sipatpolimér loba anu dipacéngkadkeun ngeunaan palastik anu aya hubunganna jeung''Additive''.[26]

Bakelite

[édit |édit sumber]
Radio Bakelite Anu dipaké Di imah

Palastik mimitina mah dumasar kanapolimersintétik dijieuna tinafénol ditambahformaldehida, ku cara anu kahiji ieu gampil jeung murah,sintétik diciptakeun dina taun1907, kuLeo Hendrik Baekeland, salah saurang wargaAmérika Sarikat gumelar dinagara bagéanNew York.Baekeland keur néangan lakisolasi pikeun ngalapis kabel di motor listrik jeung generator. Manéhna manggihan yén ku ngahijikeunfénol (C6H5OH) jeungformaldehid (HCOH) ngahasilkeun hijiwujud/substansi/massa léngkét jeung tuluy manggihan deui "komposit" campuran bahan anu mana ieu bahan bisa dicampur jeungtipungkai,asbes, atawakekebul batu tulis anu ngalantarankeun jadi kuat sagigireun éta ogé kuat kuseuneu/teu gampang kabeuleum. Bahan anyar ieu sakapeun] ngabudah lamun disintétik. Ku lantaran étaBaekeland nyieun tarekah nyieun hiji alat teken/press supaya budah-na bisa diteken kaluar lalaunan supaya hasil produkna rata, ku sabab éta dina taun1909 dibéwarakeun, sajeroning kumpulanAmericanChemicalSociety. [25] Bakelite mimitina dipaké keur kaperluanlistrik jeungmékanik. Cunduk kana waktu pamangpaatan leuwih loba sajeroeun barang-barangkonsumén ogéperhiasan dina taun1920-an.Bakelite nyaéta bahan murnisintétik, henteu dumasar kana bahan anu hirup. Ieu ogé mangrupathermosetting palastik anu munggaran.[27]

Palastik Ilahar dipaké

[édit |édit sumber]

Mesin-mesin Palastik

[édit |édit sumber]
  1. MesinInjeksi/Injection Moulding
  2. Mesin Tiup/Blow Molding
  3. Mesin Ekstrusi/Extrusion
  4. Mesin Forming jeungThermoforming
  5. Mesin Rotomoulding
  6. Mesin Film/ Blown film

Tempo Ogé

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeungPlastics.
Wiktionary logo
Wiktionary logo
Baca ogé pedaranWikikamus ngeunaan kecap

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. Plastik nyaéta
  2. Bahan plastik biasana mah tina polimér organik
  3. Bahan plastik anu alami
  4. Mawardi, Indra; Hasrin Lubis (2018).Proses Manufaktur Plastik Dan Komposit. Jakarta: Penerbit Andi. p. 69.ISBN 9789792963762. Cite uses deprecated parameter|coauthors= (bantuan)
  5. Plastik hiji bahan henteu tembus angin
  6. Plastik loba pisan dijieun geusan dimangpaatkeun
  7. Barang-barang anudigantu ku plastik
  8. Plastik dipake ogé pikeun pesawat ruang angkasaArchived 2016-05-22 diWayback Machine
  9. Plastics in European Cars, 2000-2008, A Rapra Industry Analysis Report, kaca 152
  10. :Handbook of Environment and Waste Management, diedit ku: Hung Yung-Tse, Wang Lawrence K, Shammas Nazih K, volume 2, kaca 1044
  11. Bedah plastik, beda jeung bahan plastikArchived 2016-05-20 diWayback Machine
  12. abFantastic Recycled Plastic: 30 Clever Creations to Spark Your Imagination, by David Edgar, Robin A. Edgar, p11
  13. Polymer Chemistry: Introduction to an Indispensable Science, by David M. Teegarden, pp.58-59
  14. Plastik bahaya ku lantaran hésé ancurArchived 2015-05-02 diWayback Machine
  15. Ngolah runtah plastik
  16. Jadi Jutawan Modal Sampah Plastik, Nuryani Asih, Pustaka Grhatama, 1 Jan 2010 - 52 halaman
  17. Jendela Iptek Seri 15: Teknologi, PT Balai Pustaka, ISBN9796661144ISBN 9789796661145
  18. Plastikos, Henry George Liddell, Robert Scott,A Greek-English Lexicon, at Perseus. Perseus.tufts.edu. Retrieved on 2011-07-01.
  19. Plastic, Online Etymology Dictionary. Etymonline.com. Retrieved on 2011-07-01.
  20. Kimia, Yudhistira Ghalia Indonesia, molekul sintesis
  21. Kimia, Yudhistira Ghalia Indonesia, Polimér organik
  22. Andrady AL, Neal MA (July 2009). "Applications and societal benefits of plastics". Philos. Trans. R. Soc. Lond., B, Biol. Sci. 364 (1526): 1977–84. doi:10.1098/rstb.2008.0304. PMC 2873019. PMID 19528050. http://www.pubmedcentral.nih.gov/articlerender.fcgi?tool=pmcentrez&artid=2873019. 
  23. UK Patent office (1857).Patents for inventions. UK Patent office. p. 255. 
  24. Stephen Fenichell,Plastic: The Making of a Synthetic Century, HarperBusiness, 1996,ISBN 0-88730-732-9 p. 17
  25. "Dictionary – Definition of celluloid". Websters-online-dictionary.org. Diakses tanggal2011-10-26. Archived 2009-12-11 diWayback Machine
  26. Hans-Georg Elias "Plastics, General Survey" in Ullmann's Encyclopedia of Industrial Chemistry, 2005, Wiley-VCH, Weinheim.Citakan:DOI
  27. Watson, Peter.A Terrible Beauty (also published asModern Mind: An intellectual history of the 20th century). London: Weidenfeld & Nicolson Ltd (imprint of Orion Books). 2001
Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Palastik&oldid=666925"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp