Ozon (O3) mangrupa hijialotropoksigén,molekul nu diwangun ku tiluatom oksigén, molekul triatomik, nu leuwih teu stabil batan O2 nu diatomik.
Ozon mangrupagas nu warnana bulao dinasuhu jeung tekenan baku. Dina suhu handapeun -112 °C, ozon jadi cairan kelir bulao kolot, sarta bakal beku dina suhu -193 °C. Ozon mangrupa bahanpangoksidasi nu kuat; sipatna teu stabil sarta bakal robah jadi oksigén biasa dina réaksi:
2O3 → 3O2. Réaksi ieu lumangsung leuwih gancang mun suhuna leuwih panas sarta tekenan leuwih leuwik.
DinaatmosfirBumi, kadar ozon téh leutik: ozon di sabudeureun urang dianggappolutan, sabab bisa ngaruksakbayah, tapi pancénna di awang-awang penting pisan pikeun niungan beungeut Bumi tina cahyaultrabungur. Ozon bisa dihasilkeun tina O2 nalika ayagelap.
Sababaraha alat listrik bisa ngahasilkeun ozon, misalnatelepisi, printer laser, jeung mesin potokopi nu maké tegangan badag.
.
Lapisan atmospir nu panglobana ngandung ozon nyaétastratospir, dina wewengkon nu disebut ogélapisan ozon. Lapisan ieu nyaring cahya ultrabungur (270-400 nm) nu kurang ti 320 nm tiPanonpoé nu bisa nyilakakeun kahirupan di Bumi. Najan kitu, panjang gelombang éta ogé penting pikeun ngahasilkeunvitamin D, nu penting pisan pikeun kaséhatan manusa. Ukuran baku pikeun kandungan ozon dina atmospir ngagunakeununit Dobson. Ozon nu dipaké di industri diukur dinappm jeung persén massa atawa beurat.
Ozon mimiti dikenalkeun kuChristian Friedrich Schönbein taun1840, diturunkeun tinabasa Yunani nu hartina 'bau' (ozein), sabab ozon nu dihasilkeun tina gelap bisa dicirikeun ku bauna[1]Archived 2006-05-09 diWayback Machine. Bau tina gelap téh asalna tinaéléktron nu dibébaskeun nalika aya parobahan kimia, lain ozonna sorangan[2]Archived 2006-06-01 diWayback Machine. Dina kadar 0,015 ppm, bau ozon bisa kaangseu, sedengkeun mun kadarna 1 ppm mah bauna kawaswalirang.
Ozon sok dipaké di spa atawa solobong panas (batanklorin atawabromin) pikeun maéhan jaram (baktéri) dina cai. Di nu kitu, ozonna dihasilkeun tina lampu ultrabungur atawacorona discharge chip nu lajeng disuntikkeun kana pipa saluran.
- ^ Ibanez, Jorge G., Rodrigo Mayen-Mondragon, & M. T. Moran-Moran.2005. Laboratory Experiments on the Electrochemical Remediation of the Environment. Part 7: Microscale Production of Ozone.J. Chem. Ed.82:1546Abstract
- Seinfeld, John H.; Pandis, Spyros N. 1998.Atmospheric Chemistry and Physics - From Air Pollution to Climate Change. John Wiley and Sons, Inc.ISBN 0-471-17816-0
 | Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |