Orchidaceae kagolong kana kulawarga aangkrékan[1] (basa latin:Orchidaceae[1]) mangrupa golongan tutuwuhan kembangan anu mibanda anggota atawa jenis panglobana. Anggota ti kulawarga ieu bisa kapanggih di sakuliah dunya, iwal gurun pasir anu garing jeung daérah anu sok katutupansalju[1]. Jenis angkrék anu aya di dunya kira-kira antara 17.000-35.000 rupa. Kontribusi angkrékIndonésia dina khasanah angkrék dunya cukup gedé[1]. Tina 20.000 spésiés angkrék anu sumebar di sakuliah dunya, 6.000 di antarana aya dileuweungIndonésia[1]. Angkrék mangrupa tutuwuhan hias anu miboga niléy éstétika luhur[1]. Wangun jeung warna kembang sarta karakteristik séjénna anu unik jadi daya tarik sorangan tina spésiés tutuwuhan hias ieu sangkan loba dipiresep ku konsumén[1], boh di jero negeri boh ti luar negeri[1]. Angkrék anu dipikaresep nyaéta dina wangun kembang potong jeung tutuwuhan pot[1]. Angkrék ditangtayungan ku Peraturan Pamaréntah Républik Indonésia, nomor 7 taun1999, tanggal27 Januari1999[2].
Salah sahaiji kaunikan anggrék aya dina morfologi kembangna. Morfologi kembang anggrék, ngaliwatan tengah kembang, kembang anggrék bakal kabagi jadi dua sacara simétris. Garis simétris vértikal tina anggrék ngan bisa ditarik sakali (dina matématika sok disebut simétris lipat).[3]
Daun anggrék
Anggrék miboga loba rupa daun kumaha spésiesna. Tapi ciri khas daun anggrék nyaéta susunan tulang daunna anu sajajar boh daun leutik jeung gedé.[3]