Gedong pagelaran Le Palais Garnier; Opera di Paris
Opera nyaéta salah sahiji wangunseni pintoan panggung, ti mimiti pintonandramatis nepika pagelaranmusik.[1] Opera téhdrama nu ngandung musik jeung nyanyian[2] Dina magelarkeunsandiwara, opera maké élémén anu hastéater kayaning artistik panggung, raksukan, jeung akting tapi kekecapan atawa rumpaka dina opera mah leuwih diyanyikeun daripada dicaturkeun.[1] Nu nyanyi téh sok bari dipiring ku énsambel musik ti mimiti orkestra leutik nepihaorkéstra simfoni pinuh.[1]
Opera tradisional kabagi dua modél nyanyian, nyaéta;résitatif,déklamasi jeung nyanyian anu nuju kana bagian tunggal anu dinyanyikeun.[1] Bagian pondok anu dinyanyikeun ogé dipasrahleun minangkaariosos.[1] Unggal nyanyian dina opera sok dipirig ku musik.[1] Nu nyanyi jeung peran maranéhna nalika minton disusun nuutkeun golongan dumasar gedé-leutikna sora maranéhna.[1] Mun nu nyanyina lalaki digolongkeun minangka sora bas nu ngawengku sorabas,bariton jeungalto.[1] Ana pon mun nu nyanyina wanoja, sorana dibagi kanacontralto,mezzo-sopran, jeung sorasopran.[1] Masing-masing tina ieu klasifikasi téh boga sub bagian deui atawafach kayaning liris panyanyisopran, coloratura, spinto jeungdramatis sopran anu nyambungkeun sora panyanyi jeung pancén anu luyu pikeun warna nada sora jeung kualitasna.[1]
Opera téh kaideuan tina réa kasenian séjénna.[1] Can aya katerangan anu jelas naha ieu opera téh mangrupa wangun musik pangluhungna atawa lain nu mangrupa subjék padungdengan ti mimitiabad ka-17.[1] Seni visual kayaning ngalukis, dilaksanakeun pikeun ngajadikeun tongtonan visual di panggung, anu dianggap minangka bagian anu penting dina pintonan panggung.[1]
Nari ogé mindeng dianggap minangka bagian tina pintonan opera.[1] Alatan kitu, opera anu kawentar karyaRichard Wagner anu nuju kana gaya minangkaGesamtkunstwerk, atawa karya seni adumanis.[1]