Okurigana (送り仮名, hartina "hurup nu nuturkeun") nyaéta ahirankana nu nuturkeunkanji dina tulisanBasa Jepang. Ilaharna dipaké dina kecap sipat atawa gawe,okurigana bisa nunjukkeuntense (kamari, ayeuna atawa isukan), harti tanya atawa negatip, atawabasa lemes, salian ti fungsi séjénna. Dina pamakéan kiwari,okurigana ampir kabéh ditulis makéhiragana; sedengkeun baheula makékatakana.
Kecap sifat dina Basa Jepang makéokurigana keur nembongkeuntense sarta tanya/negatif, kabéhanana diteundeun di tukang saperti ahiran. Conto gampang karakter "高" (luhur) keur nembongkeun opat sifat dasar dina kecap sifat Basa Jepang. Harti séjén tinakanji ("高", macanataka sarta hartina "luhur" dina unggal kasus), mibanda harti nu penting ku macaokurigana nu nuturkeun éta kanji.
Kecap gawe dina Basa Jepang nuturkeun pola nu ampir sarua; akar hartina sacara ilahar digambarkeun ku maké hiji atawa leuwihkanji dina kecap mimiti saterusna "tense", sangkalan,tata basa lemes, jeung basa séjénna digambarkeun ku nuturkeunokurigana.
Bandingkeun kecap gawe lemes langsung dina bentuk aya jarak, nu dituturkeun ku pola nu ampir sarua, tapi hartina nunjukkeun aya jarak antara nu ngobrol jeung nu ngadengekeun:
Okurigana dipaké ogé keurkanji nu ngabingungkeun nyaéta nu mibanda sababaraha cara maca.Kanji, hususna leuwih ilahar, bisa dipaké keur kecap nu hartina (ilahar sarua)—tapi béda cara ngucapkeunna—konciokurigana disimpen sanggeuskanji mantuan nu maca keur nyaho harti jeung cara macana.
Conto nu kecap gawe ilahar ngabingungkeun nu maké karakter "上" (naek) jeung "下" (turun):
Kementrian Pendidikan Jepang nerangkeun aturan cara makéokurigana, dina praktékna loba pisan variasi, sabagéan dina teks heubeul jeung online. Contona, ejaan standar kecap "kuregata" nyaéta 暮れ方, tapi kadang-kadang 暮方.
-->