Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Oksigén

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
8nitrogénoksigénfluorine
-

O

S
Umum
Ngaran,Lambang,Nomeroksigén, O, 8
Dérét kimianonmetals
Golongan,Periode,Blok16,2,p
Warnacolorless
Beurat atom baku15.9994(3)g·mol1
Konfigurasi éléktron1s2 2s2 2p4
Éléktron percangkang2, 6
Pasipatan fisik
Fasegas
Dénsitas(0 °C, 101.325 kPa)
1.429 g/L
Titik lééh54.36K
(-218.79°C, -361.82°F)
Titik golak90.20K
(-182.95°C, -297.31°F)
Panas fusi(O2) 0.444kJ·mol1
Panas panguapan(O2) 6.82kJ·mol1
Kapasitas panas(25°C) (O2)
29.378J·mol1·K1
Tekanan uap
P(Pa)1101001 k10 k100 k
atT(K)   617390
Pasipatan atom
Struktur kristalcubic
Wilangan oksidasi2, −1
(neutral oxide)
Éléktronégativitas3.44 (skala Pauling)
Énergi ionisasi
(lianna)
1st: 1313.9kJ/mol
2nd: 3388.3 kJ/mol
3rd: 5300.5 kJ/mol
Radius atom60pm
Radius atom (itung.)48pm
Radius kovalén73pm
Radius Van der Waals152 pm
Unak-anik
Susunan magnétikparamagnetic
Konduktivitas panas(300K) 26.58 mW·m1·K1
Gancang sora(gas, 27 °C) 330m/s
Nomer régister CAS7782-44-7
Isotop penting
Artikel utama:Isotop oksigén
isoKAumur-nyatengahURÉU(MeV)HU
16O99.762%Ostabil ngandung 8neutron
17O0.038%Ostabil ngandung 9neutron
18O0.2%Ostabil ngandung 10neutron
Rujukan

Oksigén mangrupaunsur kimia nu dinatabel periodik lambangnaO jeungwilangan atom 8. Unsur ieu umum pisan, ayana lain ukur diBumi, tapi ogé di sakuliah alam, ilaharna mah dina bentuk kabeungkeut ku unsur séjén. Oksigén nu teu kabeungkeut (biasa disebut oksigén molekular, O2), jaman baheula dihasilkeun tinamétabolismeanaérob (archaea jeungbaktéri). Sedengkeun kiwari, lolobana dihasilkeun tina prosésfotosintésis, tilu parapatna hasilfitoplangton jeungganggang di sagara, sarta saparapatna tinatutuwuhan.Oksigén mangrupa bagian tina hawa anu ngalantarankeun mahluk hidup bisa harirup, lantaran lamun kakurangan waé dina keur diisep, éta aya akibatna nepikeun ka lingkungan rumah sakit kudu maké bantuan oksigén[1]. Dina kaayaan alam jeung lingkungan urang normal, oksigén mangrupa zat anu kacida diperelukeunana pikeun ngambekan[1]. Tapi dina kaayaan cara ayeuna, upamana waé polusi atawa pencemaran nu geus sakitu mahabuna, oksigén téh bisa robah jadi zat anu dingaranan "Radikal Bébas", sarta bakal ngadatangkeun karugian ka manusa[1]. Upamana waé bisa ngalantarankeun panyakit bahaya cara kiwari[1].

Karakteristik

[édit |édit sumber]
Dina kaayaan baku, dioksigén, O2, bentukna gas.
Ozon, O3, molekul 3-atom, lolobana aya di lapisan stratosfir.

Alotrop oksigén anu umum di Marcapada nyaétadioksigén, O2, molekul diatomik anudibeungkeut dinakonfigurasi éléktronoksigén triplét. Ieu beungkeutordeuna dua, jauh leuwih pajeulit tina gambaranbeungkeut ganda anu basajan[2]. Oksigén triplét téh minangkakaayaan dasar molekul oksigén.Konfigurasi éléktron ieu molekul mibanda dua éléktron nyorangan nu nempatan dua orbital molekul. Ieu orbital kaasupkeunantibonding, antukna beungkeut oksigén diatomik leuwwih lemah batan beungkeutnitrogén diatomik nu orbital molekul beungkeutanana kaeusi. Najan éléktron nyorangan ilaharna pakait jeung réaktivitas anu luhur, oksigén triplét mah rélatif (sarta untungna téh) teu réaktif dibanding jeung lolobana radikal.

Oksigén nunggal, ngaran nu dibikeun ka sababraha spésiés oksigén nu sakabéh spin éléktronna papacangan sarta boga énérgi leuwih luhur, leuwih réaktif ka molekulorganik biasa. Di alam, oksigén nunggal biasana dibentuk tina cai dina fotosintésis ngagunakeun énérgi cahya panonpoé. Ieu molekul ogé dihasilkeun ku sistem imun salaku sumber oksigén aktif.Karoténoid dina organismeu fotosintétik jeung sasatoan boga peran utama pikeun nyerep énérgi ti oksigén nunggal nu dikonvérsi kana kaayaan dasar anu tanpa éksitasi, antukna henteu nyilakakeun jaringan.

Larapan

[édit |édit sumber]

Sajarah

[édit |édit sumber]

Oksigén munggaran disabit-sabit kuMichał Sędziwój,alkémis jeungfilsuf Polandia ahirabad ka-16. Anjeunna nyebut gas anu kaluar tinaniter haneut salaku "the elixir of life"[3].Robert Hooke,Ole Borch,Mikhail Lomonosov, jeungPierre Bayen geus bisa ngahasilkeun oksigén dina percobaananaabad ka-17, tapi ku saurang ogé teu dianggap unsur[4].

Hiji percobaan nu dipingpin kuJoseph Priestley, pendétaInggris (1 Agustus1774), mokuskeuncahya panonpoé kanaoksida raksa (HgO) dina tabung gelas ngahasilkeun gas anu ku anjeunna dingaranandephlogisticated air (bacatéori flogiston). Anjeunna awas yén ku ayana éta gas, hurungnalilin jadi leuwih, sedengkeun beurit bisa leuwih aktif sarta hirup leuwih lana mun nyeuseup ieu gas. Sanggeus diseuseup ku sorangan, anjeunna nulis "Karasana kana bayah mah teu pati béda jeung udara biasa, tapi kana engapan jadi leuwih hampang."[4]

Tanpa sakanyaho Priestley, ahli farmasiSwédiaCarl Wilhelm Scheele geus ngahasilkeun oksigén ku cara manaskeun oksida raksa jeung rupa-rupanitrat kira taun1772. Anjeunna nuliskeun papanggihanana ieu dina naskah anu dikirimkeun ka pamedal taun 1775. hanjakalna téh, ieu naskah kakara medal taun 1777[5]. Anjeunna nyebut ieu gas salaku 'udara seuneu' (fire air) ku sabab éta gas téh hiji-hijina anu geus kanyahoan ngarojong durukan. Salajeungna ieu gas disebut 'udara vital' (vital air) ku sabab vital pikeun hirupna sasatoan.

KimiawanPrancis,Antoine Lavoisier, ngakukeun yén manéhna sacara mandiri manggihan zat anyar. Tapi kanyataanana, manéhna kungsi didongéngan ku Priestley ngeunaan hasil percobaanana. Pon kitu ogé Scheele kungsi medar papanggihanana ka Lavoisier dina surat30 Séptémber1774[5].

Ku Lavoisier, ieu unsur anyar téh dingarananoxygéne, tina akarbasa Yunani nu hartina "nu ngabentukasam". Ieu téh dumasar kana anggapan—nu tétéla salah—yén sakabéh asam ngandung oksigén. Najan dicawad ku para élmuwan Inggris,oxygen diasupkeun kana basa Inggris. Hal ieu di antarana alatan ayanasajak nu muji-muji ieu gas nu judulna "Oxygen" dina buku populérThe Botanic Garden (1791) karyaErasmus Darwin, akinaCharles Darwin[5].

Kondénsasi oksigén munggaran dicobaan taun1883 kuZygmunt Wróblewski jeungKarol Olszewski, dua profésor tiUniversitas Jagiellonian.

Pancén biologis

[édit |édit sumber]

Fotosintésis jeung réspirasi

[édit |édit sumber]

Di alam, oksigén bébas dihasilkeun tinafotolisis cai dinafotosintésis.Ganggang héjo jeungsianobaktéri di lingkungan laut ngahasilkeun kira 70% oksigén bébas anu dihasilkeun ku Bumi[6].

Réaksi lengkep anu dibasajankeun pikeun fotosintésis nyaéta[7]

6CO2 + 6H2O +fotonC6H12O6 + 6O2(karbon dioksida + cai + cahya sarangéngé → glukosa + dioksigén)

Évolusi fotolitik oksigén lumangsung di jeromémbran tilakoid organismeu fotosintétik sarta merlukeun énérgi opatfoton[8]. Ieu prosés téh loba hambalanana, nu ngahasilkeun gradiénproton di antara mémbran tilakoid, nu dipaké pikeun nyintésisATP dinafotofosforilasi[9]. SésaO2 sanggeus oksidasi molekul cai dileupaskeun ka atmosfir[10].

Molekul dioksigén (O2) téh ésénsil pikeunréspirasi sélulér pikeun sakabéhorganismeu aérobik. Oksigén dipaké dimitokondria pikeun mantuna ngahasilkeunadénosin trifosfat (ATP) dinafosforilasi oksidatif. Réaksi pikeun réspirasi aérob sabalikna tina fotosintésis, nu mun dibasajankeun réaksina kieu:

C6H12O6 + 6O2 → 6CO2 + 6H2O + 2880 kJ·mol-1

Divertebrata,O2 ngalamandifusi nembus mémbran dina bayah nepi kasél getih beureum.Hémoglobin meungkeutO2, antukna kelirna robah tina beureum kolot jadi burahay[11][12]. Sato séjén ngagunakeunhémosianin (Moluska jeung sababarahaarthropoda) atawahéméritrin (lancah jeunghurang)[13]. Saléter getih bisa ngaleyurkeun 200 ccO2[13].

Spésiés oksigén réaktif, contona baé ionsuperoksida (O2) jeunghidrogén peroksida (H2O2), mangrupa pasésaan tina pamakéan oksigén dina awak mahluk hirup[13]. Sabalikna ti éta, sabagiansistem imun organismeu nu leuwih luhur justru ngahasilkeun péroksida, superoksida, jeung oksigén nunggal pikeun ngancurkeun kuman nu narajang. Spésiés oksigén réaktif ogé penting dinaréspons hipersénsitif tutuwuhan nalika ngalawan serangan patogén[9].

Dina kaayaan reureuh, jalma sawawa nyeuseup 1,8 nepi ka 2,4 gram oksigén per menit[14]. Jumlah-jamléh, mun lobana manusa dianggap 6,6 miliar, oksigén nu diseuseup per taunna téh beuratna nepi ka 6 miliar ton per taun[15].

Jumlah di alam

[édit |édit sumber]

Oksigén mangrupa komponén tunggal panglobana diatmosfir Bumi (20.947% dumasar eusi). Proporsi ieu ngajadikeun oksigén élémén anu kadua paling loba sanggeus nitrogén (78.17%). Nu leuwih luhur permukaan, tingkat oksigén bakal beuki ipis saeutik demi saeutik nepi ka luar angkasa di mana euweuh oksigén bebas.

Di alam, oksigén biasana nyampur sareng gas lain seperti Nitrogén, Boron, karbon dioksida. Sadengkeun, pikeun kebutuhan industri, biasana dianggo oksigén murni. Metode pikeun misahkeun gas tertentu ti udara secara umum ngaranna gas separation / kromatografi kolom. Biasana, industri sapertos ADY GASjual activated alumina sareng molecular sieve pikeun media penyaring gas.

Sanyawaan

[édit |édit sumber]

Alatanéléktronégativitasna, oksigén ngabentukbeungkeut kimia jeung sakabéh unsur dina prosésoksidasi, iwal sababaraha gas milya jeungflor. Lian ti éta, logam mulya (misalna baéemas jeungplatina) teu bisa langsung ngagabung jeung oksigén. Sanyawa kawas emas oksida ukur bisa dihasilkeun ngaliwatan prosés anu teu langsung.

Sanyawaan oksigén anu paling umum nyaétacai. Nu séjénna, di antarana baésilika (dinakeusik,gelas,batu, jsb.) jeung sanyawaan karbon, kayaningkarbon dioksida (CO2),alkohol (R-OH),karbonil (R-CO-H atawa R-CO-R), jeungasam karboksilat (R-COOH).Radikal anu dioksigénan samodélklorat (ClO3),perklorat (ClO4),kromat (CrO42−),dikromat (Cr2O72−),permanganat (MnO4), jeungnitrat (NO3) mangrupa agén pangoksidasi.Fosfor penting pisan sacara biologis dina bentuk ionfosfat (PO43−). Logam-logam bisa ngabeungkeut atom oksigén, contona beusi dinabeusi (III) oksida (Fe2O3) anu ilahar disebuttai hiang.Ozon (O3) dibentuk tina prosés éléktrostatik anu aya oksigénna.

Oksigén Terlarut

[édit |édit sumber]

Oksigén Terlarut (dissolved oxygen) nyaéta gas oksigén (O2) anu terlarut dina cai. Oksigén terlarut diperyogikeun ku lauk sareng makhluk hirup lainna pikeun ngahirup udara. Oksigén terlarut ogé diperyogikeun kubakteri dekomposer pikeun ngarusak (dekomposisi) sareng ngaburaikeun materi organik janten non-organik. Nilai oksigén terlarut biasana diékspresikeun ku ppm (parts per million / bagian per juta) atawa mg/L.Satuan DO nyaeta mg/L.

Salaku contoh, ngarah lauk tiasa hirup sareng berkembang, nilai oksigén terlarut standar umum na 5 mg/L. Balong lauk anu profésional nempatkeun aerator atawa pompa nu ngajaga nilai oksigén terlarut di balong dina jangkauan aman pikeun lauk. Alat pikeun ngukur oksigén terlarut ngaran na DO meter (dissolved oxygen meter).Harga DO meter gumantung spesifikasi na sarenga aplikasi na, aya nu mirah pikeun rumah tangga aya ogé nu rada awis pikeun industri.

Pemisahan Gas Oksigén

[édit |édit sumber]

Pemisahan gas oksigén dari hawa bebas pikeun produksi oksigén murni nganggo produk nu disebat molecular sieve. Aya beberapa tipe molecular sieve anu aya di pasaran, nyaéta:

Molecular Sieve 13X HP 0,4-0,8 mm

Molecular Sieve 13X HP 1,6-2,5 mm

Molecular Sieve 13X APG 1,7-2,5 mm

Molecular Sieve 13X 1,7-2,5 mm

Molecular Sieve 13X 3-5 mm

Isotop

[édit |édit sumber]

Anu geus kanyahoan, oksigén boga tujuh welasisotop numassa atomna antara 12.03 u nepi ka 28.06 u. Nu stabil aya tilu:16O,17O, jeung18O, tapi nu panglobana mah16O (leuwih ti 99.7%).Radioisotopna boga satengah-umur kurang ti tilu menit.

Kawaspadaan

[édit |édit sumber]

Baca ogé

[édit |édit sumber]

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. 1234Manglé no 1984
  2. "Structure of Oxygen Molecule (triplet)". Glasser Group, University of Missouri-Columbia. Diaksés tanggal2007-03-03.Archived 2007-09-13 diWayback Machine
  3. H. Guerlac (1954)."The Poets' Nitre".Isis.45 (3):243–255.
  4. 12Emsley (2001).Nature's Building Blocks, kaca 299
  5. 123Emsley (2001).Nature's Building Blocks, kaca 300
  6. Fenical 1983, "Marine Plants"
  7. Brown 2003, 958
  8. Thylakoid membranes are part ofchloroplasts in algae and plants while they simply are one of many membrane structures incyanobacteria. In fact, chloroplasts are thought to have evolved fromcyanobacteria that were once symbiotic partners with the progenerators of plants and algae
  9. 12Raven 2005, 115–27
  10. Oksidasi cai dikatalisan ku kompléksénzim nu ngandungmangan nu katelahoxygen evolving complex (OEC) atawawater-splitting complex nu aya patalina jeung sisi luménal mémbran tilakoid. Dina ieu prosés, mangan téhkofaktor penting di sagigireunkalsium jeungklorida anu kudu aya dina réaksina.(Raven 2005)
  11. CO2 is released from another part of hemoglobin (bacaBohr effect)
  12. Salah ngutip: Tanda<ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamaGuideElem48
  13. 123Salah ngutip: Tanda<ref> tidak sah; tidak ditemukan teks untuk ref bernamaNBB298
  14. "For humans, the normal volume is 6-8 liters per minute."Archived 2010-09-06 diWayback Machine
  15. (1,8 g)*(60 menit)*(24 jam)*(365 poé)*(6,6 miliar jalma)/1.000.000 = 6,24 miliar ton

Tumbu kaluar

[édit |édit sumber]
Wikimedia Commons memiliki media mengenaiOxygen.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Oksigén&oldid=700295"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp