![]() | Artikel ieu masihan informasi dasar dina bidang kesehatan. Informasi dina artikel ieu ngan meunang digunakeun kanggo informasi ilmiah, teu bisa ngaganti diagnosis medis. Perhatosan: Wikipédia lain dokter, sagala informasi anu aya dina ieu énsiklopédi dumasar rujukan anu aya. Saupama anjeun aya keluhan, konsultasikeun jeung tenaga kaséhatan langsung |
![]() | |
Niklosamid | |
Ngaran sistimatik (IUPAC) | |
5-Chloro-N-(2-chloro-4-nitrophenyl)-2-hydroxybenzamide | |
Identifiers | |
Nomer CAS | 50-65-7 |
Sandi ATC | P02DA01QP52AG03 (WHO) |
PubChem | 4477 |
DrugBank | DB06803 |
ChemSpider | 4322 |
Data kimia | |
Rumus | C13H8Cl2N2O4 |
Mass. mol. | 327.119 g/mol |
SMILES | eMolecules &PubChem |
Data fisika | |
Titik lééh | 225–230 °C (437–446 °F) |
Data farmakokinetik | |
Bioavailabilitas | ? |
Metabolisme | ? |
Waktu paruh | ? |
Eksresi | urin |
Therapeutic considerations | |
Kat. kehamilan | Katégori B |
Legal status | |
Jalur | Ngaliwatan baham |
Niklosamid nu miboga ngaran dagangNicloside[1] nyaéta ubar umum nu dipaké pikeun ngungkulan inféksi nu disababkeun ku cacing, Niklosamid kaasup kana jinis anthelmintik.[1][2][3] Ubar ieu kapanggih di taun 1958.[4]
Niklosamide nu kaasup kana jinis ubar anthelmintik ieu dipaké pikeun ngubaran inféksi nu disababkeun ku sababaraha jiniscacing pita, kayaning cacing kerdil (H. nana), nepi ka cacing pita ynu aya dina daging (T. saginata,T. solium, danD. latum),[1][5] cacing pita lauk, cacing pita dwarf, jeung cacing pita sapi.[6][7]
Numutkeun hiji artikel tiCellular Signalling, ubar niklosamid aya kamungkinan miboga poténsi pikeun ngungkulan panyakit séjén kayaning.sababarahapanyakit kanker, inféksi bakteri jeung virus, diabetes tipe 2, nepi karheumatoid arthritis.[8] Ubar cacing ieu teu réaksi jeung inféksi cacing tipe lianna, kayaningcacing kremi atawacacing gelang.[8][9]
Niklosamid gawé kucara maéhan cacing pita dina jero awak, cacing pita dewasa (lain endogna) biasana gancang dipaéhan, kusabab leupasna fosforilasi oksidatif atawa stimulasi aktivitas ATPase. Cacing-cacing nu geus dipaéhan ieu tuluy dikaluarkeun ngaliwatantinja atawa kadang diancurkeun di usus. Niklosamid bisa gawé salaku moluskisida ku cara ngiket jeung ngarusakDNA.[2][8]
Pikeun maké bar ieu, saluyu jeung anjuran dokter atawa apoteker. Ieu di handap sababaraha cara pikeun nginum ieu ubar:[6][10]
Pikeun nyimpen ubar Niklosamid ieu, simpen di wadah nu katutup, dina suhu kamar, jauh ti panas, lembab, sartapanonpoé langsung., ulah disimpen dikamar mandi. Jauhkeun tina titik beku sarta ti budak leutik.[1] Ulah nyimpen ubar nu geus heubeul atawa geus teu diperlukeun deui. Mun anjeun geus teu maké ubar ieu atawa mun geus kadaluwarsa, piceun ubar ieu saluyu jeung aturanna. Salah sahijina ulah nyampurkeun ubar ieu jeung runtah biasa, ulah ogé miceun ubar ieu ka jajalaneu cai kayaning jamban. Tanyakeun kaapotéker atawa dinas nu aya patalina pikeun ngungkulan limbah médis.[8][11][12]
Saacan nginum ubar niklosamid aya sababaraha hal nu kudu diperhatikeun, kayanging:[6][8]
Salian ti hal nu di luhur geus dijéntrékeun, ubar ieu kaasup ka résiko kahamilan katégori B numutkeunUS Food and Drugs Administration (FDA). Ieu di handap référénsi katégori kahamilan numutkeun FDA:
Interaksi ubar bisa ngarobah gawé niklosamid, atawa bisa ningkatkeun tingkat résiko éfék samping nu leuwih serius. Simpen daftar sakabeh produk ubar nu dipaké ku anjeun (kaasup ubar resép atawa lain, sarta produk herbal), jeung utamana ulah poho konsultasikeun ka dokter saacan anjeun nginum ubar ieu. Ulah maké sarta ngeuruenkeun, atawa ngaganti dosis dokter saacan meunang persetujuan dokter.[6]
Salian ti ubar, kadaharan ogé bisa nyababkeun interaksi jeung niklosamid, salah sahiji conto nu geus ilahar nyaétaalkohol jeungbako, ulah nginum alkohol salila keur pamakéan ubar ieu. Sarta aya saabaraha kaayaan kaséhatan nu aya kamungkinan interaksi jeung niklosamid, jéntrekeun ka dokter ngeunaan kaayaan kaséhatan saacan urang ngonsumsi ubar ieu.[8]
Éfék samping mangrupa hiji éfék nu teu dipiharep tina ubar. Éfék samping ieu bisa mangrupa-rupa di sababaraha jalma gumantung kana kaayaan panyakit, umur, beurat awak, jinis kelamin, étnis, jeung sababaraha kaayaan kaséhatan lianna. Ieu di handap sababaraha éfék samping nu bisa karasa sanggeus nginum niklosamid:[1][6][8]
Niklosamida bisa nyababkeun éfék samping dapat menyebabkan efek samping kayaning:
Sok sanajan jarang karandapan ieu di handap sababaraha kaayaan nu bisa narajang kusabab éfék samping tina niklosamid:
Lamun anjeun ngarandapan kaayaan alérgi nu leuwih parna (anafilaktik) kana ubar ieu, , geura tepungan dokter, sababaraha kaayan alérgi nu parna ieu kayaning:
Teu sakabéh jalma ngalaman 'éfék samping sarua. Kamungkinan aya sababaraha éfék samping nu teu disebutkeun di luhur. Mun anjeung ngarasa ringrnag bisa tuluy dikonsultasikeun ka dokter atawa apotéker.