Niels Henrik David Bohr atawa anu kasohor Niels Bohr (gumelar tanggal7 Oktober1885 - maot18 Nopémber1962) nyaétaélmuwan asalDenmark anu ngawanohkeun téori atom bohr anu ngagambarkeun susunan atom sacara rinci, gampang, jeung akurat[1][2]. Ku karyana ieu, Bohr meunangkeun panglélér nobélfisika dina taun1922[1]. Lalaki anu lahir diKonpenhagen nyaéta anak ti ahli fisika,Christian Bohr, profésor fisika diUniversitas Konpenhagen, indungna nyaéta ahli dina widang atikan, matakna teu anéh lamun kamampuh Bohr dina widang atikan kacida méncrongna[1].
Bohr meunangkeu gelar doktor fisika ti Universitas Konpenhagen dina taun1911, tuluy manéhna miang kaCambridge,Inggris[1][2]. Dibingbing kuJ.J. Thompson, élmuwan anu manggihan éléktron, Bohr mulai diajar tur mekarkeun tiori-tiorina[1][2]. Bohr miang deui kaMencheser pikeun diajar kaErnest Rutherford anu manggihan inti atom[1][2]. Di Menchester ieu, Bohr naratas tiori ngeunaan struktur inti atom sacara lengkep anu ngarujuk tina tioriPlant jeung Rutherford[1][2].
Sabada Denmark dijajah kuNAZI,Jerman dina taun1940, Bohr kabur kaSwedia sabab manéhna nyaéta anti-NAZI, lian ti éeta Bohr ogé boga teureuhyahudi[2]. Ti Swedia, Bohr kabur deui kaInggris tuluy kaAmerika, di ditu Bohr ngabdikeun diri dina widang fisika atom pikeun masalah-masalah pulitik katut katingtriman anu muncul alatan senjata atom[2]. Bohr ogé mantuan tentara sekutu pikeun nyieun bom atom salila perang lumangsung[1]. Sabada perang réngsé, Bohr balik deui ka Denmark, manéhna maot di Konpenhagen tanggal 18 Nopémber 1962[1].