Nicole Kidman manrupa salah sahiji artis Holywoodanu miboga ngaran lengkepNicole Mary Kidman, anu dibabarkeun diHonolulu,Hawaii,ping20 Juni1967[1]. Manéhna nyaéta aktris anu dilélér hadiahAcademy Award[1]. Lian ti artis manéhna gé jadipenyanyi anu miboga dua kawarganegaraan nyaétaAmerika Serikat jeungAustralia[1].Kolotna Kidman nyaétaAnthony (saurang ahli biokimia jeung psikolog klinis), indungnaJanelle Kidman (saurang instruktur)[2]. Kulawargana pindah kaWashington DC, di mana bapana ngudag panalungtikanna ngeunaankangker payudara[2].Mimitina kidman resep ka nuBalet, tapi tungtungna nyokot pantomim jeung drama[2].Nicole anu jangkungna 189 cm ieu ayeuna jadi pamajikanpenyanyiKeith Urban anu nikahna ping25 Juni2006[1].Saméméhna Nicole pernah kawin jeungTom Cruise[1].Kidman jeung Cruise nikah nalika ping24 Desember1990, tapi duanana tuluy pipirakan ping25 Mei1998[2]. Nalika pipirakan, Nicole keur ngandeg 3 bulan[1].
Kariernya dimimitian taun1980an nalika manéhna drop sakola, malah akting dina film munggarananaBush Christmas[1].Ti harita mingkin loba deui aktingna ku sabab ayana bakat anu nyangkaruk dina dirina[1].Karir Kidman meunangkeun hasil anu hadé nalika manéhna akting jeungTom Cruise salaku dokter, anu satuluyna maranéhna kawin[2].
Tahun1995 Kidman meunangkeun panglélér anu midunya sabada akting dina filmTo Die For anu méré pialaGolden Globe pikeun katégoriAktris Terbaik - Film Musikal atawa Komedi[1]. Sabada éta, di taun2001, Kidman dijagokeun pikeun meunangkeun pialaAcademy Award munggaranana salakuAktris Terbaik dina film Moulin Rouge, anu ogé geus méré pialaGolden Globe anu kadua pikeun katégori anu sarua[1].Tapi, prédiksi éta salah ku sabab nu meunangna lain Kidman tapiHalle Berry[1].Kidman ogé dipikawanoh salaku aktifis sosial, dutaUNICEF jeung perdamaianPerserikatan Bangsa-Bangsa (PBB)[1].