Taya lian Henry Hudson dina taun1609 mangrupa mimiti aubna bangsaÉropa jeung daerah sején. Balayar pikeun pausahaanWalanda pernahna diIndia Timur tuluy néangan nepikeun kaAsia, manéhna ngulampreng saluareun basisir New York dina11 Séptémber taun éta kénéh.[18] Béja ngeunaan éta pamangihna ngarojong sodagar Walanda pikeun maluruh éta basisir dina enggoning néangan kauntungan tina dagang jeung warga éta tempat.
Salilaabad ka-17 ieu sodagar Walanda ngadegkeun benteng dagang jeung suku-suku séjén anu diwadahan dinakoloniNew Netherland tuluy nerekab nepikeun ka jadi padumukan Beverwijck dina taun1647, saterusna ieu tempat katelahAlbany;Fort Amsterdam (1625, ngarekahan anu antukna jadiNew Amsterdam kiwari katelah New York City); saterusnaEsopus, (1653, ayeuna jadiKingston). Hasilnapatroonship tina Rensselaerswyck (1630), anu dikurilingan Albany tur lumangsung nepikaabad ka-19, ieu mangrupa hiji kaayaan anu ngarojong hasilna sistem koloni. Salilaperang Inggris-Walanda Kadua ngaranna dirobah jadi Provinsi New York. Kota New York direbut deui ku Walanda dina taun1673 dina mangsa perang anu ka tilu Inggris-Belanda (1672-1674) ganti deui ngarana jadi New Orange. Saterusna sataun tuluy balik deui ka Inggris ku ayana janji pasini Westminster .[18]
Dinaabad ka-19 jalan Urang Kulon ka wewengkon New york pikeun leuwih gampang ku diwangun hijikanal, ku lantaran hiji-hijina jalan ngaliwatanGreat Lakes kahalangan ku curugNiagara (Niagara Falls). GubernurDeWitt Clinton kacida ngarojong pikeun diwangun hiji kanal anu baris nepungkeun susukanHudson jeung situErie, ku alatan kitu engkéna bakal jadi hiji situ anu gedé pisan (Gréat Lakes). Pangwangunanna dimimitian dina taun1817 réngsé taun1825. Saréngséna ieu kanal dimangpaatkeun leuwih jembar pikeun kaperluan tali marga ogé transportasi komérsial. Ku ngaronjatna hubungan ngaliwatan ieu kanal ngajadikeun pilihan séjén pikeun migrasi atawa pindahna warga jeung barang tikulon ka New York atawa sabalikna anu biasanamah ngamangpaatkeu karéta.
Nincak mangsa taun-taun saméméh perang, Kota New York ngayakeun usaha bareng anu lega jeung pabriktékstil bagéan kalér ogé kidul. Ampir kana satengah tina ékspor New York éta patalina jeungkapas, jeung hasilkebon ti kidul. Sodagar anu mindeng pisan ka New York pikeun mibandahotél favorit. Dina waktu anu sarua ,aktivisme pikeunabolisionisme kuat di kota jeung bagéankalér, Underground Railroad (ngaran anu dipaké pikeun sakumpulan masarakat dilakukeun susulumputan diAmerika Serikat dina taun1830) di mana masyarakat ogé loba ngadukung. Dina poé-poé mimiti peperangan sadulur di Amérika, wali kota New York ngarojong pikeun kota mah misahkeun manéh supaya henteu ngaruksak kalumangsungan usaha dagang, ngan dina ahirna ngadukung ogé kana perang.
Salila lumangsungna perang sadulur ieu, nagara bagéan New York nyayagikeun leuwih ti 370.000 prajurit pikeun pasukan gabungan. Leuwih ti 53.000 warga New York tilar dunya dina ieu pangperangan[19]
Serangan 11 September 2001
Dina tanggal11 September2001, dua tina opatpesawat dirampog saterusna diteumragkeun kanaMenara KembarWorld Trade Center diLowerManhattan nepikeun ka runtuhna. anu ngabalukarkeun 2.753 korban tilar dunya Runtuhna ieuMenara Kembar dibalukarkeun ku ruksaknaextensiveness anu ngabalukarkeun 147-panumpang tina dua pesawat tilar dunya. Ti saprak 11 September 2001 ieu, sabagian gedéLower Manhattan geus di bebenah deui. Loba pagawé anu mantuan nyalametkeun korban dina éta kajadian katut masarakat anu aya dina étaaréa sababaraha taun saenggeusna ngalamannaoverdeveloped sababara di antarana keuna ku panyakit, teu saeutik ogé anu tilar dunya.[20]
Dina 11 September 2011 Hijisitus pikrun miéling ieu kajadian dibuka pikeun balaréa. muséum nu matuh dibuka ogé dina urut éta kajadian tanggal21 Maret2014.One World Trade Center réngsé dina taun 2014, ngajadikeunpencakar langit pangjangkungna anu aya di benua beulah kulon mah, di 1776kaki wangunan anu séjénna keur dikeureuyeuh diwangun di éta lokasi.