Inti atom ti lolobanaatom (kabéh kajabaisotopHidrogén anu pangilaharna, anu diwangun ku hiji proton) diwangun ku proton jeung neutron.
Di luar inti atom, neutron henteu stabil sarta mibandaumur tengah tuwuh kira-kira 10 menit, paburincay (luruh) kalawan mancarkeunéléktron jeungantineutrino pikeun jadi proton. Padika paluruhan anu sarua (paluruhan beta) lumangsung dina sawatara inti atom. Partikel-partikel dina inti atom biasana nyaéta neutron jeung proton. Hiji neutron digolongkeun salakubaryon sarta diwangun ku duaquark handap sarta hiji quark luhur.
Béda utama neutron jeungpartikel subatomik lainna nyaéta maranéhanana henteu bogamuatan. Sipat neutron ieu ngajadikeun neutron kawénéhan ti pandeuri dina hiji réaksi nuklir, sarta kacida nembus, ngajadikeun inyana hésé diimeutan sacara langsung.