Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Népal

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
(dialihkeun tiNepal)
सङ्घीय लोकतान्त्रिक गणतन्त्र नेपाल
Sanghiya Loktāntrik Ganatantra Nepāl
Bandéra Népal[[Image:|110px|Lambang Népal]]
BandéraLambang
Motto: जननी जन्मभूमिष्च स्वर्गादपि गरीयसी  (Sanskrit)
"Ibu jeung ibu pertiwi leuwih terhormat tibatan sawarga"
Lagu:Sayaun Thunga Phulka
"Made of Hundreds of Flowers"

Lokasi Népal
Lokasi Népal


IbukotaKathmandu (येँ)
27°42′N 85°19′E
Kota panggedénaibu kota
Basa resmiNépali
PamaréntahanFéderalparleméntérRépublik
 -PrésidénBidhya Devi Bhandari (विद्यादेवी भuण्डारी)
 -Wakil PrésidénNanda Kishor Pun (नन्दबहादुर पुन)
 -Perdan MentriSher Bahadur Deuba (शेरबहादुर देउवा)
Unifikasi21 Désémber1768 
Wewengkon 
 - Total147,181 km² (ka-93)
 56,827 sq mi 
 - Cai (%)2.8
Populasi 
 - Perkiraan taun Juli 200527,133,000 (ka-40)
 - Sénsus taun 200223,151,423
 -Kapadetan184/km² (ka-56)
477/sq mi 
GDP (PPP)2005 (éstimasi)
 - Total$41.6 billion (ka-87)
 - Perkapita$1,675 (ka-153)
HDI (2003)0.526 (ka-136) – 
Mata uangRupee (NRs.)
Wewengkon wanciNPT (UTC+5:45)
 - Summer (DST)teu aya panalungtikan (UTC+5:45)
Internét TLD.np
.नेपाल
Kode telepon+977

Népal, ngaran resimna nyaétaRépublik Démokrasi Féderal Népal (barétonaKarajaan Népal) (Basa Nepal: नेपाल) nyaétanagara nu kakepung kuHimalaya diAsia kidul. Nagara ieu diwatesan kuRépublik Rahayat Tiongkok (Tibét) di béh kalér[1] jeungIndia (Bihar,Sikkim,Uttar Pradesh,Uttarakhand) di béhkidul,wétan jeungkuloneunnana.

Nagara Népal dijieun ngaliwatanPaguyuban Népal dina tanggal21 Désémber1768.Prithvi Narayan Shah jadi raja nu munggaran. Népal merdéka tiInggris tanggal21 Désémber1923. Saméméhna, ieu nagara anu perenahna diHimalaya téh miboga status protéktorat sabada diéléhkeun ku Inggris dina perang taun1815. Dina taun1990, Népal ngarobah sistem pamaréntahanna jadi monarki konstitusional. Nepi ka taun2006 Népal téh mangrupa hiji-hijina karajaanHindu di dunya. Dina taun2006 parlemén Népal nétélakeun yén Népal dirobah jadi nagara sékulér. Dina tanggal28 Méi2008, Népal nganganti sistem pamaréntahanna tinakarajaan anu geus dipaké salila 250 taun jadirépublik, nu matak sacara resmi ngaran “Karajaan Népal” robah jadi “Républik Népal"

Minangka wewengkon leutik, kaayaan alam Népal kacida bédana, ti mimitiTerai nu lembab di béh kidul nepikeun kaHimalaya nu luhur di béhkalér. Dalapan tina sapuluhpagunungan pangluhurna di dunya aya di Népal, kaasupGunung Everest. Nagara ieu kasohor keur wisata, tréking,hiking, kémping, naék gunung, taman kahirupan liar nasional, safari leuweung, rarakitan di walungan, olahraga nguseup, sarta lobacandi jeung tempat ibadah nu aréndah.

Kathmandu mangrupa ibu kota sarta kota panggedéna. Kota utama lianna nyaétaDharan,Thimi,Pokhara,Biratnagar,Lalitpur (Patan),Bhaktapur,Birendranagar,Bharatpur, Nepal,Siddhartanagar (Bhairahawa), Birganj (Birgunj),Butwal,Janakpur, Nepalganj (Nepalgunj),Hetauda,Damak,Dhangadhi, jeungMahendranagar.


  • Népal
  • Kathmandu
    Kathmandu
  • Swayambhunath
    Swayambhunath
  • Patan
    Patan
  • Bhaktapur
    Bhaktapur
  • Himalaya
    Himalaya
  • Himalaya
    Himalaya
  • Kaski District
    Kaski District
  • Mustang
    Mustang
  • Mustang
    Mustang

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. Where is Nepal? (diaksés 10 Méi 2015)

Tumbu luar

[édit |édit sumber]
Pék paluruh émbaran nu leuwih loba ngeunaan Nepal ku jalan nyungsiproyék sabaraya Wikipédia
Définisi kamus tiWiktionary
Buku téks tiWikibooks
Cutatan tiWikiquote
Téks sumber tiWikisource
Gambar jeung média tiCommons
Warta tiWikinews
Sumber pangajaran tiWikiversity

  Tempo ogéNépal di Wikivoyage

Geografi lokal
Nagara daulat
Pangakuan kawates
Depéndensi jeung
Wewengkon Administratif Husus
Australia
Britania Raya
Cina
1 Kadang diasupkeun kaÉropa, kumaha définisi watesna.2 Kadang diasupkeun kaOséania.3Nagara lintas buana.
Nagara daulat
Bisa ogé ngawengku:  Apganistan •Iran •Myanmar •Téritori Samudra Hindia Britania •Tibét
Kaanggotaan internasional


Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Népal&oldid=660874"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp