Muara atawa muhara nyaéta hiji tempat patepungnacai walungan jeungcailaut,[1]muara bisa mibanda harti ogé hiji tempat di mana ngocornacai susukan paamprok reujeung susukan séjén anu leuwih gedé, bisa ogé amprok jeungbalong atawasitu.[2][3][4]
BasaInggrisna muara téhEstuaries (estuary)[5]ekosistem muara mibanda mangpaat anu pohara lobana utamana taneuhna anu subur loba ngandung nutrisi[5], Daérah muara biasana loba kapanggihleutak, embel (rawa)[4], lempung jeungkeusik anu kabawa palid ti girang tuluy namper di muara jadi (sedimen)[4], sasatoan anu hirup dimuara saperti rupa-rupacacing,haremis,keuyeup,[5] rupa-rupa lauk gedé lauk leutik[6],sidat,[7]kuya[8], malahan disawaréh muara dicicingan ku sato galak sapertibuaya muara.[9]
Ditempo tina ngocornacai, muara dibédakeun kana dua rupa taya lian muara asli (limnetik) jeung muaralimnokren.[8] Muara asli maksudna tempat anu ngalegok sisibasisir tur salawasna kakeueum ku cai anu nyaéta leberan caitisusukan, muaralimroken maksudna tempat anu ngalegok ayana disisi basisir tur paamprok jeung cai laut , cai anu ngeueum éta legokan bisa cailimnetik atawa cai anu ngaburial / ciburial anu aya handapeun éta legokan.[8]
Tatangkalan anu hirup di muara kudu bisa nyaloyogkeun hirupna/beradaptasi utamana mangsa cai naék anu ngabalukarkeun tangkana kakeueum ku cailaut[6]Komunitas tutuwuhan anu hirup dimuara sapertijujukutan, ganggeng, jeungfitoplankton.[6] Muara nyaéta daérah pindahna/transisi cai susukan anu ngocor ti darat kalaut,[8] , di wewengkontropis anu mibanda usum hujan anu panjang tur hawa anu jemlék muara dikuriling kuleuweungbabakoan[8], tangkal nipah/dahon,pandan,sagu, jeung tatangkalan rawa anu séjénna.[10]
Dina habitat tatangkalan anu aya di muara kapanggih jutaan sasatoan/Organisme anu hirup gumantung kana ayana ieu muara.[6]komponén biotikna sacara garis badagna bisa digolongkeun kana:
nyaéta organisme anu hirupna tina kamampuana pikuen ngarobah bahanorganik jadianorganik (bisa nyieun kadaharan sorangan) organisme sarupa kieu aya dua rupa :
Fotoautotrop : organisme anu mibanda kamampuan ngarobah énérgi cahaya pikeun ngarobah bahan anorganik jadi bahan organik.[rujukan?] Contona tatangkalan anu mibanda daun hejo.[6]
Kemoautotrop : organisme anu bisa ngamangpaatkeunEnergi tina ayana réaksi kimia pikeun nyadiakeun kadaharana tina bahanorganik.[6]
Organisme ieu kacukupan organismena tina organisme anu sejen, contona :sasatoan,supa, jeungbaktérinon autotrop.[rujukan?] Muara nyaéta tempat anu loba nyayagikeun kabutuha hirup organisme saperti teritip(Krustasea, Cirripedia), haremis jeung tutut (Bivalvia jeungGastropoda) anu hirup handapeun beungeut cai, aya anu hirup jeroleutak seperticacing, ogéprédator badag :Baronang,Kerapu,Kapiting,Cucut, jeungSalmon.[6]
Pengurai ataudekomposer taya lian organisme menguraikan/ngaliyurkeun bahanorganik anu asalna tina organisme paéh.[rujukan?] Pengurai disebut ogékonsumén makro (sapotrof) ku lantaran kahakananna mibanda ukuranan leuwih gedé. Kaasup kana Organisme anu kieu sapertikapiting, rupa-rupaharemis,baktéri, cacinglaut, jeungsupa.[6]