Wewengkon nu héjo némbongkeun téritoriMaroko anu diakuan internasional. Anu diarsiran nyaéta wewengkonSahara Kulonnu dipaséakeun; Maroko maréntahan kalobaannana ti wewengkon ieu minangkaPropinsi Kidulna kalawande facto.
c.^ 446,550 km2 (172,410 sq mi) teu ngawengku sadaya wewengkon nu dipaséakeun. 710,850 km2 (274,460 sq mi) Ngawengku wewengkon nu diparéntah MarokoSahara Kulon anu diklaim kuFront Polisario minangkaRépublik Sahrawi
Maroko (Basa Arab:المغربal-Maghrib ;basa Berber:ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱ[7]Lmaɣrib), resminaKarajaan Maroko[8] (Basa Arab:المملكة المغربيةal-Mamlaka al-Maghribiyya:pronunciation(pitulung·info);basa Berber:ⵜⴰⴳⵍⴷⵉⵜ ⵏ ⵍⵎⴰⵖⵔⵉⴱTagldit n Lmaɣrib), nyaéta hiji nagara nu aya diAfrika Kalér. Nagara ieu miboga populasi nu leuwih ti 32 yuta jiwa sarta aréa 710.850 km², jeung ogé maréntahan wewengkonSahara Kulon (nu dipaséakeun statusna). Nagara ieu mangrupa bagian ti wewengkonMagribi, sarengTunisia,Aljazair,Mauritania, jeungLibya, nu boga patalian sajarah, basa, jeung budaya.
Maroko mangrupa hijimonarki konstitusional kalawan parlemén anu dipilih.Raja Maroko miboga kakawasaan éksekutif nu lega, kaasup kamungkinan ngabubarkeun parlemén.Kakawasaan législatif dipiboga ku boh pamaréntah boh parlemén 2 kamarna,Déwan Pawakilan jeungMajelis Déwan. Sang Raja ogé tiasa ngaluarkeun dékrét nu disebutdahir nu miboga kakiatan hukum.Pamilu parlemén dilaksanakeun di Maroko dina 7 Séptémber 2007, jeung diperhatoskeun ku sababaraha panénjo nétral minangka paling bébas jeung adil; sanajan partisipasi ngan 37%, nu pangsaeutikna dina sababaraha dékade. Ibu kotana nyaétaRabat, jeung kota panggedéna nyaétaKasablanka; kota gedé lianna contonaMarrakésh,Tetouan,Tangier,Salé,Fes,Agadir,Meknes, jeungOujda.
Kalobaannana urang Maroko nyaturkeun minimalna hiji ti duaBerber jeungArab Maroko minangka basa indung. Basa-basa éta duanana miboga dialék jeung logat wewengkon.
Wétaneuntanggul nyaéta wewengkon nu diatur ku Polisario
Ku sabab konflik diSahara Kulon, status wewengkon "Saguia el-Hamra" jeung "Río de Oro" dipaséakeun. Pasarikatan Bangsa-Bangsa nempo Sahara Kulon minangka hiji wewengkon tanpa pamaréntahan sorangan, jeung minangka hiji perkara tidékolonisasi nu teu réngsé. Pangawasaan Maroko kana wewengkon ieu teu diakuan sacara internasional, pun ogé républik merdika anu diajukeunPolisario, hiji grupSaharawi nu ngalawanpanjajahan Spanyol jeung teras pikeun kamerdikaan Sahara Kulon minangkaRépublik Démokratik Arab Sahrawi (ayeuna markasna diAljazair). Aya gencatan senjata ti 1991, jeung hiji misi PBB (MINURSO) pikeun ngurus hiji réferéndum sangkan téritori ieu merdika atawa diakuan minangka bagian ti Maroko.
Téritori ieu kalobaannana diparéntah minangkaPropinsi Kidul ku Maroko saprak Spanyol ngaleupaskeun wewengkon ieu ka Maroko jeungMauritania sanggeusPasatujuan Madrid dina 1975–76. Bagian ti téritori,Zona Bébas, nyaéta hiji aréa nu teu didumukan nu diatur theFront Polisario minangka Républik Démokratik Arab Sahrawi kalawan markasna diTindouf, Aljazair.
Perang Sahara Kulon nyaéta konflik senjata antara Front pagerakan kemrdikaan pambarontakan nasional Polisario Sahrawi jeung Maroko sareng Mauritania pikeun kawasa kana urut jajahan Spanyol, Sahara Kulon; lumangsung ti 1976 nepi ka 1991. Perangna ngahasilkeun kaluarna Spanyol dina 1976, kaluarna Mauritania dina 1979, jeung gencatan senjata sareng Maroko. Kalobaannana ti wewengkon tetep dina kadali Maroko.
1Wewengkon nu dipaséakeun, Sahara Kulon, kalobaannana dikawasaan jeung diadmnistrasi ku Maroko; Front Polisario ngaklaim téritori ieu dina ngahalangan pawangunan hiji républik merdika, jeung ngalaksanakeun kontrol nu kawates dina rump border territories.2Éksklave Spanyol.
(c) Sadaya 16Kakawasaan Pasamakmuran miboga monarki nu sarua nu diwakilkeun, iwal Britania Raya, ku saurangGubernur Jéndral · (j) Ditanyakeun status monarki salaku Pupuhu Nagara atawa heunteu. · (n) Currently under suspension. · (q) Sacara téhnis mangrupa monarki konstitusional tapi miboga praktik kawas monarki absolut.(u) Maké gelar non-monarki:Présidén.