Moro nyaéta kagiatan anu dipigawé ku cara néangan, ngudag, sarta maéhansato jarah.[1] Dina pakasaban urangSunda tukang moro sato nu makétumbak téh biasana disebut pamatang.[2] Dina awalna, kagiatan ieu dipigawémanusa pikeun meunangkeun kadaharan. Tapi, moro ngembang jadi hobi sarta saterusna jadi salah sahijicabang olahraga.[1]Saluyu jeung kamajuan jaman, tujuan moro turut ngalaman parobahan.[1] Jaman baheula, moro mangrupa pakasaban utama.[1] Ayeuna, jelema moro pikeun nyalurkeun hobi.[1] DiIndonésia, moro geus dipigawé para bangsawan saprak abad ka-17 kalayan numpak kuda.[1] Maranéhanana biasana mibanda tempat moro husus, contona wewengkonleuweung anu dicicingan ku sato nu loba kawasbabi leuweung sartauncal.[1] Moro ka leuweung sok disebutngalasan.[3]
Sato anu diboro teu kawates dina sato darat waé (maung,singa,gajah,babi leuweung,uncal, sartaoray) tapi ogé kaasup satocai (contonapaus,lauk, sartabuaya).[1] Sato nu di moro teu ukur didahar atawa dijadikeun hiasanimah pikeunnu moro waé, tapi ogé ditukeur sarta dijualbeulikeun.[1] Kulit buaya sarta oray bisa dimangpaatkeun minangka bahanbeubeur, tali jam leungeun, sartatas. Kulit maung biasna dijadikeun minangkapakéan.[1] Sedengkeun gading gajah dicokot minangka hiasan.[1]
Dumasar aturanPamaréntah No. 13 Taun1994, moro dibédakeun jadi tilu macem, nyaéta moro tradisional pikeun kaperluan dahar, moro pikeun keerluan olahraga sarta tropi, sarta moro pikeun kaperluan séjénna.[1] Pamaréntah Indonésia ogé ngatur pas moro jadi sawatara wewengkon, contona taman moro, kebon moro, sarta wewengkon moro. Taman moro nyaéta wewengkon leuweung anu ditetepkeun ku pemrintah minangka tempat moro.[1] Kebon moro nyaéta lahan pikeun moro anu aya di luar taman moro.[1] Sedengkeun wewengkon moro nyaéta tempat moro nu ayana di luar taman moro sarta kebon moro.[1].