Mongolia (basa Mongol: Монгол Улс) magrupakeun hijinagara nu kakurung daratan diAsia Wétan, tepung wates jeungRusia di kalér jeungRépublik Rahayat Cina di kidul. Mongolia mangrupa pusatKakaisaran Mongol dinaabad ka-13, tapi dikawasaan kuDinasti Qing ti ahirabad ka-17 nepi ka hiji pamaréntah merdika diwangun jeung pitulunganUni Soviét dina1921. Tapi kamerdékaan Mongolia heunteu diakuan kuCina nepi ka taun 1949. SaenggeusKomunis ngawasaanCina daratan teras ahirnya ngakuan kamerdékaan Mongolia. Saenggeus runtuhna Uni Soviét, Mongolia ngagemdémokrasi. Lega wewengkonna nu ampir sarua jeungAlaska, kalobaannana wewengkon Mongolia miboga taneuh nu saat: kalobaannana wewengkon mangrupategal jukut, eujeung pagunungan di bagian kulon jeung kalér jeungSagara Keusik Gobi di kidul. Mayoritas populasina étnisnaMongol nu ngagem agamaBuddha Tibét jeung hirupnanomad.
Populasibangsa Hunnu ngagabung ka wewengkonbangsa Cian-bi (136-181 Maséhi). Cian-bi jadi bangsa nu kuat jeung ngaluaskeun wewengkon jeung ngabagi tilu bagian nepi ka wétan nepi kaKoréa dina kapamingpinanTanishikuai. Nepi ka éra kapamingpinanKabinen, bangsa Cian-bi ngalaman loba parebutan wewengkon. Taun 235, Kabinen maot jeung bangsa Cian-bi hancur.
Période Bangsa Jujan (Rouran)
Diwangun ku populasi sisa bangsa Cian-bi, bangsa Jujan nu musat dipagunungan Khangai mekar dina abad ka-5.
Période Bangsa Tukish
Bangsa Tukish nu diwangun ti peupeusanKarajaan Jujan ngalegaan wewengkonna nepi ka samananjung Koréa jeungTiongkok. Populasi tibangsa Uighur milu ngagabung dina 745 Maséhi. Bangsa Tukish jadi bangsa nu kuat di Mongolia.
Période Bangsa Uighur
Bangsa Uighur lahir ti bagian bangsa Tukish. Dina période 745 Maséhi, Uighur ngadalikeun jalur dagang ti Cina nepi ka wewengkon wétanAsia.
Période Bangsa Kitan
Abad X-XII, Mongolia dikawasaan Kitan nu musat diWalungan Liao,pagunungan Khyangan jeung ngawasaan wewengkon Mongolia dina taun 924 Maséhi. Dina 936 Maséhi, bangsa Kitan ngawasaan wewengkonBahain jeung 16 wewengkon Tiongkok kalér. Taun 1120, bangsa Kitan hancur.
Période Mongol
Mongolia dikawasaan kuKarajaan Mongol nu ngawasaan tilu walungan jeungpagunungan Altai nepi kawalungan Selenge. Karajaan ieu dipingpin ku Khabula Khaan (Kubilai khan). Incuna nu naminaYesugei ngawangun Karajaan Mongol Khanlig. Yesudei maot taun 1170 jeung Karajaan Mongol kabagi kana sababaraha bagian. Murangkalihna nu naminaTemujin ngawasaan Mongol. Dina wanci kapamingpinanna, Karajaan Mongol Khanlig jadi bagian nagara nu kuat.
Mongolia katelah di abad ka-13 dina kapamingpinanGénghis Khan sabab bisa hasil nalukan rupa-rupa karajaan diÉurasia. Saenggeus maotna Génghis Khan, Mongolia dibagi kana sababaraha nagara bagian nu kuat jeung kapeupeus dina abad ka-14. Sakabéh nagara bagian teras ngahiji deui ka Mongolia awal jeung aya dina pamaréntahanTiongkok.
Dina 1921, ti pitulungUni Soviét, Mongolia merdéka ti Tiongkok. Hiji pamaréntahan komunis diwangun dina 1924. Dina éra 1990-an,Partai Révolusionér Rahayat Mongolia (MPRP) ngéléhan KoalisiUni Démokratik (DUC). Hal ieu mangrupa kumpulan ti rupa-rupa partéy démokratis. Koalisi DUC ngéléhan MPRP dina pamilu taun1996. Dina Pamilu taun2000, parlemén Mongolia dikawasaan ku MPRP. Dina pamilu2004, DUC jeung MPRP ngawangun koalisi pamaréntahan.
Dina11 Januari2005, sapuluh menteri di pamaréntahan koliasi mundurkeun awak jeung dina kondisi krisis. Aya 18 menteri dina pamaréntahan koalisi antara MPRP (nu saméméh namina partéy Komunis) jeung partéy Démokratik nu mangrupa payung politik bekas Perdana MenteriTsakhia Elbegdorj. partéy Démokratik ngan miboga 25 anggota di parlemén.
Bagian kidul Mongolia mangrupaSagara Keusik Gobi, teras bagian kulon jeung kalér kalobaannana pagununganBentang darat Mongolia
Eujeung legana nu salega 1.564.116 km²,[1] Mongolia mangrupa nagara ka-19 pangluasna di dunya (saenggeusIran jeung saméméhPeru).
Géografi nagara ieu nyaétaGurun Gobi di bagian kidul jeung wewengkon pagunungan nu tiis di bagian kalér. Loba ogé wewengkon Mongolia diwangun kustépa. Titik pangluhurna di Mongolia nyaétaPasir Khüiten diTavan bogd nu luhurna 4374 m. Kalobaannana wewengkon nagara ieu ngarasaan panas di usum panas jeung tiis pisan di usum tiis (di bulan Januari suhu rata-ratana -30 °C).[2]
Ulan Bator, ibu kota nagara ieu, mangrupa ibu kota nagara nu rata-rata suhuna panghandapna di dunya.