Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Molekul

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas

Molekul nyaéta bagéan pangleutikna tinaunsur atawasanyawa kimia murni nu mibanda sakumpulan sipat-sipat kimiawi jeung fisik nu has. Molekul biasana disusun ku dua atawa leuwihatom nukabeungkeut jadi hiji, iwalgas mulya nu diwangun ku ukur hiji atom.

Gambar 1. Gambaran3D (kénca jeung tengah) jeung2D (katuhu)terpenoid,atisan. Dina modél 3D beulah kénca, atomkarbon digambarkeun salaku buleudan abu-abu, buleudan bodas ngagambarkeun atomhidrogén, sedengkeun silinder nunjukkeun beungkeutna. Modél ieu dibungkus ku "jaring" nu ngagambarkeun beungeut molekular, diwarnaan dumasar wewengkonmuatan listrik positif (beureum) jeung négatif (bulao).

lolobana molekul leutik teuing mun hayang ditempo bungkeuleukanana ku mata taranjang, tapi aya iwal. Saguruntuluyah, atawainten dina lélépén, mangrupa kisikristal raksasa, molekulrepetitif nu beungkeutan atomna (bohbeungkeut ionik atawakovalén) nyambungkeun sakabéh struktur. Conto séjén molekul makroskopis séjén nyaétaDNA, hijimakromolekul.

salah sahiji sipat molekul nyétanisbahbuleud unsur-unsur nu nyusun sanyawa, nyaétarumus émpiris. Pikeun conto, dina wujud murnina,cai salawasna diwangun kuhidrogén jeungoksigén dina nisbah 2:1, sedengkeun étilalkohol atawaétanol salawasna diwangun kukarbon,hidrogén, jeungoksigén dina nisbah 2:6:1. Najan kitu, nisbah ieu teu nangtukeun jenis molekul sacara husus -dimétil éter mibanda nisbah nu sarua jeung étanol, misalna. Molekul nu mibanda atom nu sarua dina susunan nu béda disebutisomér.

Rumus kimia dina sisi séjén ngagambarkeun jumlah nu pasti atom-atom nu ngawangun hiji molekul.Beurat molekul diitung tina rumus kimia sarta diéksprésikeun dina unit konvénsional nu sarua jeung 1/12 beuratisotop atom12C.

Molekul ti hawa bébas tiasa disaring ngagunakeun nu disebat molécular sieve.Molecular sieve adalah média nu gaduh fungsi nyerep uap cai tina gas (desiccant / pengering hawa) atawa nyaring molékul kusabab gaduh pori-pori leutik pisan (10 Ångstrom ka handap). Salah sahiji tipe molécular sieve nyaétamolecular sieve 13X dianggo kanu oksigén concéntrator.

Tempo ogé:Molekul polar jeungnonpolar.

Rujukan

[édit |édit sumber]
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Molekul&oldid=619646"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp