Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Modulasi

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Pikeun kagunaan "modulasi" dina widangmusik, tingalimodulasi (musik).
Téhnikmodulasi
Modulasi analog

AM | SSB |DSB |VSB |FM |PM

Modulasi digital

OOK |FSK |ASK |PSK |QAM |APSK |MSK |CPM |PPM |TCM |OFDM

Spéktrum sumebar
t·s·é

FHSS |DSSS

Dinatelekomunikasi,modulasi nyaéta prosés numpangkeunsinyalinformasi ku cara ngarobah-robah hijigelombangpériodik dina cara nu sarupa saperti saurangmusisi ngamodulasi nada sahiji alat musik ku cara ngarobah-robahvolume,timing jeungpitch. Biasana gelombangsinusoida nu bogafrékuénsi luhur (gancang) digunakeun sabagésinyal pamawa. Tilu paraméter utama gelombang sinusoida nyaétaamplitudo ("volume"),fase ("timing") jeungfrékuénsi ("pitch"). Tilu paraméter kasebut bisa dirobah-robah luyu jeung sinyal informasi nu boga frékuénsi handap (laun).

Alat anu ngalaksanakeun modulasi katelahmodulator sedengkeun alat nu ngalakukeun operasi kabalikanana (nimukeun deui atawa nurunkeun informasi tina sinyal nu ditumpangan) disebutdemodulator (kalan-kalan disebutdetector atawademod). Alat anu bisa ngalakukeun modulasi sakaligus demodulasi disebutmodem (singkatan tina gabungan dua terminologi kasebut).

Hiji conto basajan: Telepon kabel dirancang pikeun ngirimkeun sora, upamana nada, jeung lain pikeun ngirimkeun sinyal digital (anu aya dina dua kaayaan pareum jeung hurung atawa bit 0 jeung bit 1). Sanajan kitu, komputer-komputer (anu ngagunakeun sinyal digital) bisa ngalakukeun komunikasi ngaliwatan kabel telepon (pikeun sinyal analog) ku jasana modem. Modem bisa ngarobah bit-bit digital jadi nada-nada nu disebut simbul-simbul. Lamun aya opat simbul pilihan (bayangkeun alat musik anu bisa ngahasilkeun opat nada nu béda, hiji nada dina hiji waktu), simbul kahiji ngawakilan runtuyan bit 00, nu kadua 01, katilu 10 jeung nu kaopat 11. Lamun modem ngamaénkeun sahiji wirahma nu ngandung 1000 simbul per detik, mangka laju simbulna 1000 simbul/detik atawa 1000 baud. Lantaran tiap simbul ngawakilan hiji pesen nu ngandung dua bit digital, mangka laju bitna 2000 bit per detik.

Tujuan tinamodulasi digital nyaéta pikeun ngirimkeun aliran bitdigital ngaliwatan hijikanal panyaring pita analog, contona kabel telepon dinajaringan telepon umum (di mana sahijifilter ngawatesan wilayah frékuénsi ti 300 nepi 3400 Hz) atawa hiji pita frékeuénsi radio terbatas (kawates).

Tujuan tinamodulasi analog nyaéta pikeun ngirimkeun hiji sinyalanalogpanyaringpitahandap, contona hiji sinyal audio atawa sinyal TV, ngaliwatan hijikanalpanyaringpita analog, contona frékuénsi radio kawates atawachannel jaringan TV kabel.

Modulasi analog jeung digital ngamungkinkeunfrequency division multiplexing (FDM), di mana sababaraha sinyal informasilolos saringanhandap dikirimkeun sakaligus ngaliwatan médium fisik nu sarua, ngagunakeunkanal saringan pita nu béda-béda. Ku cara kieu, hiji médium bisa diliwatan ku leuwih ti hiji sinyal.

Tujuan tinamétoda modulasi pitadasar digital singkatan tinadigital baseband modulation methods, anu katelah ogéline coding, nyaéta pikeun ngirimkeun aliran bit digital ngaliwatanchannelsaringanhandap, bakuna hiji kawat tambaga anu tanpa saringan sapertiserial bus atawalocal area networkl (nu maké kabel.

Tujuan tinamétoda modulasi pulsa nyaéta pikeun ngirimkeun sahiji sinyal analog pitasempit, contona ucapan atawa sora telepon anu ngaliwatan hijichannelsaringanhandap pitarubak, atawa, dina sababaraha sistem, sabagé aliran bit nu ngaliwatan sistem transmisi digital liana.

Métoda modulasi analog

[édit |édit sumber]

Dina modulasianalog, modulasina diterapkeun sacara sinambung ngéngklokan sinyal informasi analog nu katarima.

Hiji sinyal sora (gambar luhur) bisa ditumpangkeun kana gelombang maké métoda modulasi amplitudo (AM) (gambar tengah) atawa modulasi frékuénsi (FM) (gambar handap).

Téknik modulasi analog nu ilahar nyaéta:

Métoda modulasi digital

[édit |édit sumber]

Dina modulasidigitall, hiji sinyal pamawa anu analog ditumpangan (dimodulasi) ku aliran bit digital tina sinyal nu panjangna sarua atawa sinyal nu panjangna robah-robah. Hal ieu bisa digambarkeun sabagé bentuk konvérsi analog ka digital. Parobahan dina sinyal pamawa dipilih tina sajumlah pilihan simbul anu ayafinite (aksara modulasi).

Téknik-téknik modulasi digital anu paling dasar nyaéta:

  • Dina halCW, digunakeun pangalompokanon-off keying tina sinyal-sinyal anu panjangna robah-robah.
  • Dina halPSK, digunakeun sajumlah fase anu tangtu.
  • Dina halFSK, digunakeun sajumlah frékuénsi anu tangtu..
  • Dina halASK, digunakeun sajumlah amplitudo.
  • Dina halQAM, sinyal safase (sinyal I, misalna bentuk gelombang kosinus) jeung sinyal fase 4 ruang (sinyal Q, contona gelombang sinus) dimodulasi amplitudona ku sajumlah amplitudo. Hal ieu bisa ditingali sabagé jumlah amplitudo nu tangtu. Hal ieu bisa ditingali sabagé sistem duachannel. Sinyal nu dihasilkeun mangrupa gabungan PSK jeung ASK, kalayan saeutikna dua fase, jeung saeutikna dua amplitudo.

Masing-masing fase, frékuénsi atawa amplitudo dibéré hiji polabitbinér nu mandiri. Biasana, fase, frékuénsi atawa amplitudo ngodekuen sajumlah bit anu sarua. Sajumlah bit ieu ngandung simbul-simbul anu dilambangkeun ku fase husus.

Lamun aksara diwangun kuM=2N{\displaystyle M=2^{N}} simbul pilihan, masing-masing simbul ngalambangkeun sahiji pesen anu diwangun kuN{\displaystyle N} bit. Lamunlaju simbul (katelah ogé sabagélaju baud) dinyatakeun sabagéfS{\displaystyle f_{S}} simbol/detik (atawabaud), laju datana nyaétaNfS{\displaystyle Nf_{S}} bit/detik.

Contona, upama aksara diwangun ku 16 simbul pilihan, masing-masing simbul ngalambangkeun 4 bit. Jadi laju datana opat kali laju baud.

Dina hal PSK, ASK jeung QAM, supaya gampang, aksara modulasi mindeng dijelaskeun ku hijidiagram konstélasi, anu nunjukkeun amplitudo sinyal I dina sumbu-x, jeung amplitudo sinyal Q dina sumbu-y, pikeun tiap simbul.

PSK jeung ASK, sarta sakapeung ogé FSK, bisa dibangkitkeun jeung didetéksi ngagunakeun prinsip QAM. Sinyal I jeung sinyal Q bisa digabungkeun kana sinyal nu hargana kompléks nu disebutsinyal lolossaringhandap sababad atawasinyal pitadasar sababad. Ieu téh perlambang sinyal fisik anu ditumpangan hargana (disebut ogésinyal pitalolos atawasinyal RF).

Di handap ieu nyaéta cara-cara umum nu digunakeun ku modulator pikeun mancarkeun data:

  1. Kolompokkeun data anu datang kana kecap-kecap konci;
  2. Gambarkeun kecap-kecap kode kana atribut-atribut, misalna amplitudo-amplitudo sinyal-sinyal I jeung Q (sinyal lolossaringanhandap sababad), atawa niléy-niléy frékuénsi jeung fase.
  3. Aturpanghasil rupa pulsa (tarjamahan tina pulse shaping) atawa sababaraha panyaring liana pikeun ngawatesan rubakpita jeung ngawangun spéktrum, sacara husus ngagunakeun pamrosés sinyal dijitel
  4. Konversi dijitel ka analog (digital-to-analog conversion (DAC)) sinyal-sinyal I jeung Q (lantaran kiwari sakabéh nu di luhur biasana kahontal ngagunakeunpamroses sinyal dijitel (tarjamahan tina digital signal processing (DSP)). Kadang-kadang léngkah saterusna ogé kahontal ngagunakeun DSP, jeung saterusna DAC kudu digunakeun saenggeusna.
  5. Tumpangan bentuk gelombang pamawa frékuénsi luhur, ngahasilkeun sinyal lolos saringanhandap anu digeser frékuénsina kanasinyal pitalolos anu ditumpangan atawasinyal RF
  6. gedékeun jeung saring analog pikeun nyingkahan distorsi harmonic jeung spectrum periodik

Dina alatpanarima, demodulator sacara husus ngalakukeun:

  1. Panyaringanbandpass.
  2. Kadali gain otomatis (AGC) pikeun ngimbanganatenuasi.
  3. Pageseran frékuénsi sinyal frékuénsi radio ka sinyal-sinyal I jeung Qbaseband nu satara, atawa ka sinyal frékuénsi samentara (IF), ku cara ngalikeun sinyal RF jeung frékuénsi gelombang sinus jeung kosinusosilator lokal
  4. Sampling jeung konversi analog-ka-digital (ADC).
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Modulasi&oldid=624451"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp