Mickey Mouse nyaéta salah sahiji tokoh animasi (kartun) anu dijieun kuWalt Disney anu jadi film kartun favorit mangsa harita[1].Tokoh Mickey Mouse jadi tokoh kartun nu munggaran dijieun[1].
Pikeun kahirupan pausahaan, Walt kudu néangan karakter anyar sarta ide ngeunaan Miki mouse mimiti aya nalika Walt aya dina karéta[2]. Karakter éta dingaranan Miki téh nyaéta Mortimer ngan pamajikanana, Lillian Disney, kurang resep[2]. Ayeuna ngaran Mortimer dipaké jadi ngaran musuh Miki dina marebutkeun Mini[2].
Miki jeung Mini mimiti aya dina Plane Crazy anu dirilis15 Méi1928[2]. TapiThe Walt Disney Company satuluyna miéling milangkala Miki tanggal18 Nopémber1928, nyaéta tanggal rilis animasiSteamboat Willie, film animasi Miki Mouse anu mimiti aya soraan[2]. Miki Mouse ngahontal mangsa kajayaanana ti mimiti taun1930-an nepi ka1950-an[2]. Tapi mimiti taun1950-an posisi kajayaanna kaéréh kuTom and Jerry anu bogarating jeung nu mikaresepna leuwih loba ti batan nu mikaresep Miki Mouse jeungSilly Symphonies[2]. Taun1955, kajayaan Miki Mouse geus kaganti ku babaturanana anu aya diWalt Disney,Donal bébék anu dipikaresep ku jalma anu leuwih loba ti batan nu mikaresep Miki Mouse[2].
Tanggal18 November 1978, nalika milangkala Miki nu ka-50, manéhna jadi karakter kartun anu munggaran nu meunang béntang nalikaHolywood Walk of Fame, tegesna di 6925 Hollywood Boulevard[2]. Taun1988, keur anu munggaran Miki tampil jeungBugs Bunny dinaWho Framed Roger Rabbit[2].Bugs Bunny nyaéta salah sahiji saingan Miki tiWarner Bros[2]. Dina éta film, duanana miboga waktu minton anu sarua. Film éta ogé jadi hiji kajadian anu jadi sajarah di dunya perfilman[2].