Dina abad ka-18, aya duapendekatan kana watesan ngeunaan unit baku panjang. Aya nu nyarankeun watesan méter minangka panjangpendulum nu satengah-periodena sadetik. Nu séjén nyarankeun watesan méter minangka sapersapuluh juta panjang méridian Bumi sapanjang kuadran (saparapat jarak-kuriling Bumi). Taun1791,Akademi Élmu-élmu Prancis milih watesan méridian, ngagunakeun méridian Paris, batan watesan pendulum ku sabab ayana béda gayagraviti di unggal tempat di Bumi, nu bakal mangaruhan périodeu pendulum. Taun1795, Prancis ngadopsi méter minangka unit panjang resmina. Najan prototipe watang méteran leuwih pondok saperlima miliméter alatan salah itung, panjang ieu jadi baku. Jadi, jarak-kurilingBumi ngaliwatan kutub kurang leuwih opat puluh juta méter.
WatangInternational Prototype Metre, dijieun tina campuran platina jeung iridium, nu kungsi dijadikeun standar ti 1889 nepi ka 1960.
Taun1870-an saluyu jeung kamajuan présisi modérn, runtuyan sawala internasional lumangsung pikeun ngabaru baku métrik.Perjangjian Méter (1875) ngukuhkeun Biro Internasional Timbangan jeung Ukuran (Bureau International des Poids et Mesures, BIPM) nu maneuh nu ditempatkeun diSévres, Prancis. Organisasi anyar ieu bakal nyieun sarta nyimpen prototipe méter jeungkilogram anyar, sarta bakal mertahankeun babandinganana katut unit dasar séjénna, nonmétrik, timbangan, jeung ukuran. Organisasi ieu nyiptakeun watang prototipe anyar taun 1889, ngajadikeunInternational Prototype Metre minangka jarak antara dua garis na watang baku campuran salapan puluh persénplatinum jeung sapuluh perséniridium.
Pikeun ngurangan kateupastian, CGPM ka-17 taun1983 ngaganti watesan méter ku watesan kiwari, ngaropéa panjang méter dina jihatwaktu jeunglaju cahaya:
Méter nyaéta panjang lintasan cahaya dina vakum dina selang waktu 1/299792458 detik.
Catet yén watesan ieu kalawan tepat nangtukeun laju cahaya dina vakum 299.792.458 méter per detik. Watesan nu dumasar sipat fisik cahaya leuwih tepat jeung bisa diulang sabab sipat cahaya nu bisa dianggap konstan.
Prototipe internasional méter asli disimpen kénéh di BIPM dina kaayaan nu dijéntrékeun taun1889.