Masigit, atanapimesjid/masjid, nyaétatempat ibadah pikeun pangagem agamaIslam (Muslim). Lian ti paragi ibadah, masjid ogé dijadikeun puseur kahirupan muslim.Muslim sering ngarujuk masjid kanabasa Arab,masjid (jamakmasajid) (basa Arab: مسجد —dikecapkeun: /ˈmas.ʤid/ atawa /ˈmas.ˈɡʲid/). KecapInggrisna nyaéta "mosque" nu nunjukkeun sagala rupa wangunan pikeun ibadahna umat Islam, sanajan ari dina basa Arab mah aya pangbédaan antara tempat ibadah nu leutik (disebut musola) atawa masjid gedé pikeun solat berjama'ah (masjid jami) (basa Arab: جامع), nu mibanda komunitas sarta fasilitas nu leuwih loba.
Kagunaan utama masjid nyaéta mangrupa tempatsolat berjama'ah pikeun sakumna Muslim. Sanajan kitu, kiwari masjid dipikawanoh minangka pintonanarsitéktur Islami pikeunkomunitas Muslim. Masjid geus mekar ti saprak ayana rohangan tanpa hateup nyaétaMsjid Kuba jeungMasjid Nabawi dinaabad ka-7. Kiwari, lolobana masjid marake momolo,munara, jeung bale pikeun solat. Masjid asalna tiJajirah Arab, tapi kiwari geus aya di sakabéh buana nu dicicingan di sakuliah dunya. Masjid lain ngan saukur pamarantian ibadah jeung ngadoa, tapi ogé mangrupa tempat paranti diajar ngeunaan Islam sarta sakur jalma nu percaya.
Masjid geus diadegkeun saprak jamanNabi Muhammad dina taun622 waktu hijrah ka dayeuh Madinah. Saterusna, sabot umat Islam meluaskan kakawasaanana nepi ka ka luar wewengkon Arab, mangka tumbuhlah jumlah-jumlah masjid di dunya. Kawas dayeuhKairo, anu alatan jumlah masjidna anu amat réa, mangkaKairo digelari minangka dayeuh sarébu masjid. Masjid mimiti nangtung di Éropa dina abad 11 Masehi, seiring jeung datangna soldadu Bani Umayyah ka Gibraltar. Tapi, dina abad 15 Masehi, pasukan ConquistadorKarajaan Spanyol ngancurkeun masjid-masjid di penjuru Éropa, hususnaSpanyol. Sedengkeun, masjid mimiti datang diCina saprak datangna sahabat Rasulullah saw, nyaéta Saad bin Abi Waqas datang minangka utusan pikeun Raja Dinasti T'ang di Karajaan Cina.
Pamakéan masjid ialah pikeun beribadah. Luyu kalawan firmanAlloh dina surat At-Taubah, yén masjid didirikan ku jalma-jalma anu bertaqwa jeung pamakéan pikeun beribadah sarta nginget ngaranAlloh. Di Masjid, saban poé, diayakeun solat berjamaah. Saméméh solat berjamaah, biasana di Taneuh Pasundan, lolobana muazin ngajak jamaah pikeun solat kalawan pantun-pantun sarta syair, sartasholawat.
Dina poéJum'at, jumlah jamaah di masjid baris nambahan réa. Ieu disebabkan ayana ibadahsolat Jum'at anu wajib pikeun sakumna lalaki. Aya talari has dina poé Jum'at, nyaéta ayanapasar ngadadak anu aya di kira-kira masjid.
Sajaba ti éta, masjid ogé boga fungsi minangka tempat diajar, utamana diajar élmu ageman. Madrasah Ulugh Beg diUzbekistan ogé ngajarkeun élmu filsafat sarta astronomi minangka palajaran pikeun siswa-siswa di Madrasah Ulug Beg. Di Masjid Ayasofya ogé aya madrasah, komo laboratorium sarta bengkel gawé.
Sawatara masjid diAmérika Sarikat mibanda fasilitas pikeun publik sarta ngaladénan pendaftaran pikeun pemilu. Komo aya masjid anu mibanda tempat olahraga.