Marie Curie anu ngaran lahirna Maria Saloméa Skłodowska (gumelar diPolandia7 Nopémber1867, maot diPerancis4 Juli1934) nyaétaélmuwan wanoja anu ngulik widang radioaktip anu kungsi meunangkeun panglélér nobél 2 kali[1][2]. Marie Curie nyaéta profésor wanoja pertama diSorbonne sakaligus salah sahiji ahlifisika jeung ahlikimia anu kasohor[2].
Marie kuliah diUniversitas Sorborne Perancis, tuluy nikah jeungPierre Curie (1893)[1][2]. Sabada nalungtik panimuanSinar X karyaWilhelm Conrad Röntgen, Marie manggihan hiji unsur anu disebutradioaktip anu dicoba direcah ku cara kristalisasi[1][2]. Ieu pasangan manggih dua unsur kimi anu disebutpolonium jeung unsur radioaktip anu leuwih luhur tingkatanna, dingarananradium[1][2]. Dina taun1903 Marie meunangkeun nobél dina widang fisika, sedengkeun dina taun1911 nobél dina widangkimia[2]. Euweuh deui anu meunangkeun nobél 2 kali iwal ti Marie Curie[2].
Sabada salakina maot dina kacelakaan, Curie ngalanjutkeun panalungtikanna dina widang radioaktip[1]. Dinaperang dunya I, Curie méré kontribusi anu kacida gedéna sabab ngagunakeun radium pikeun kapentingan médis ku cara ngadegkeun Institut terapi radium di Perancis, Polandia jeungAmerika Sarikat[1][2]. Kasehatanna mulai turun dina taun1920-an lantaran kurangna pangaweruh ngeunaan bahayana bahan radioaktip dina kurun waktu anu panjang, Marie maot tanggal 4 Juli 1934 alatan anemia aplastik anu disababkeun ku radiasi unsur radioaktip[1][2]. Marie dimakamkeun diSceaux, bareng jeung salakina, tuluy ieu pasangan dipindahkeun kaPantheon,Paris[2].