Marcapada (ᮙᮁᮎᮕᮓ), ogé disebutBumi (ᮘᮥᮙᮤ), (Ing.earth, atawaTerra), mangrupaplanét tempat manusa hirup, planét katilu luareunPanonpoé. Marcapada mangrupa hiji-hijinaplanét téréstrial diSurya Mandala, sarta hiji-hijina planét nu mibandakahirupan, sahanteuna kitu nu dipikanyahoélmu modérn. Planét ieu mibanda hijisatelit alam,bulan, nu kabentuk watara 4,5 milyartaun ka tukang. Biosfir Bumi sacara lalaunan beuki lila ngarobahatmosfir jeung kondisi fisik dasar séjénna, anu ngakibatkeun kembangbiakna organisme sarta kawangunna lapisanozon, anu bareng jeung médan mahnit Marcapada ngahalangan radiasi surya nu pibahayaeun jeung ngawidian mahluk hirup mikroskopis ambéh terus kembang biak kalawan aman di daratan. Sifat fisik, sajarah géologi, jeung orbit Bumi ngakibatkeun kahirupan bisa terus laksana.
Litosfir Marcapada kabagi jadi sawatara ségmén kaku, atawa lémpéng téhtonik, anu ngalaman unggutan di kabéh buntala Marcapada salila yutaan tahun. Leuwih ti 70% buntala Marcapada dilimpudan ku cai, jeung sésana diwangun ku buana jeung pulo-pulo anu mibanda loba pisan situ jeung sumber cai séjénna anu jadi bahan jang ngajieunHidrosfir. Kutub Bumi sawaréhna kalimpudan kués; és padet diAntartika jeung és sagara di és kutub. Intérior Marcapada aktif kénéh nepi ka ayeuna, jeung miboga inti jero anu diwangun kubeusi padet, sedengkeun inti luarna mangrupafluida anu mikacipta médan mahnit, jeung lapisan kandel anu rélatif padet dina bagéan mantél.