Madrid
Villa de Madrid
Motto: "Fui sobre agua edificada, mis muros de fuego son. Esta es mi insignia y blasón" ("Dina cai kuring diwangun, pinding kuring dijieun tina seuneu. Ieu lambang jeung taméng kuring")
Nagara Spanyol Komunitas otonom Komunitas Madrid Ngadeg Abad ka-9[ 1] Pamaréntahan
• BadanAyuntamiento de Madrid • Mayor Manuela Carmena (Ahora Madrid )Lega
• Kota605,77 km2 (23,389 sq mi) Luhurna
667 m (2,188 ft) Pangeusi (2014)
• Kota3,165,235 • Réngking1st • Kapadetan5.390/km2 (14,000/sq mi) • Urban
6,183,000[ 2] • Métro
6,489,162[ 3] Démonim Madrilenian, Madrilenemadrileño ,-ña ;matritense (es ) Zona wanci UTC+1 (CET) • Usum Panas (DST )UTC+2 (CEST)Kodeu pos 28001–28080
Kode wewengkon +34 (ES ) + 91 (M ) Panangtayung Buruh Isidore Parawan Almudena Ramatloka www.madrid.es
Madrid (/m ə ˈ d r ɪ d / ,Basa Spanyol: [maˈðɾið] ,lokalna: [maˈðɾiθ, -ˈðɾi ] ) nya ta salah sahiji dayeuh diÉropah tur mangrupa ibu kota sarta dayeuh panggedéna diSpanyol . Populasi ieu dayeuh ampir 3,2 yuta[ 4] sarta pangeusiwewengkon métropolitan Madrid , aya kira-kira 6,3 yuta. Ieu kota mangrupakota panggedéna katilu diUni Éropa , sanggeusLondon jeungBérlin , sedengkeunwewengkon métropolitanana mah mangrupanu katilu panggedéna di Uni Éropah sanggeusParis jeungLondon .[ 5] [ 6] [ 7] [ 8] Legana total604.3 km 2 (233.3 sq mi) .[ 9]
Ieu kota perenahna diWalungan Manzanares di tengahnagara katutKomunitas Madrid (nu ngawengku dayeuh Madrid, konurbasina katut kota satelit jeung désa sabudeureunana); ieu komunitas diwatesan kukomunitas otonom Castile katut León jeungCastile-La Mancha . Minangka ibu kota Spanyol,tempat kantor pamaréntahan , katutpadumukan Karajaan Spanyol , Madrid ogé mangrupa puseur pulitik, ékonomi katut budayana Spanyol.[ 10] Walikota kiwari nyaétaManuéla Carmena tiAhora Madrid .
Kelompok urban Madrid bogaGDP panggedéna katilu [ 11] diUni Éropa pangaruhna kanapulitik ,atikan ,hiburan ,lingkungan ,média ,fésyen ,pangaweruh ,budaya , katutseni sakabéhanana boga kontribusi kana statusna minangka salah sahijikota global nu gedé di dunya.[ 12] [ 13] Alatankaluaran ékonomi ,standar kahirupan nu luhur, katut ukuran pasar, Madrid dianggappuseur kauangan nu gedé diÉropa Kidul [ 14] [ 15] katutBojong Iberia ; tempat kantor puseur lolobana pausahaan Spanyol nu gedé, kayaningTelefónica ,Iberia jeungRepsol . Madrid mangrupakota ka-17 pangbisaditempatananan di dunya dumasar kana majalah Monocle, dina indéksna taun 2014.[ 16] [ 17]
Madrid jadi tempat ayana kantor puseurWorld Tourism Organization (WTO), boganaPersauan Bangsa-Bangsa (UN), the SEGIB,Organization of Ibero-American States (OEI), katutPublic Interest Oversight Board (PIOB). ogé jadi tempat para pangatur Spanyol internasional nu galede: the Standing Committee of the Association of Spanish Language Academies, kantor puseurRoyal Spanish Academy (RAE),Institut Cervantes katutFoundation of Urgent Spanish (Fundéu BBVA). Madrid ngorganisir pameran saperti FITUR,[ 18] ARCO,[ 19] SIMO TCI [ 20] jeungCibeles Madrid Fashion Week .[ 21]
Sanajan Madrid boga infrastruktur modéren, ieu kota ngajaga sawangan katut rasa lingkungan katut jajalaneunana nu bersejarah. Cicirén kawasIstana Karajaan Madrid ;Royal Theatre kalan Opera House nu dihadéan taun 1850;Taman Buen Retiro , nu ngadeg taun 1631; wangunanPerpustakaan Nasional abad ka-19 (ngadeg taun 1712) nu ngandung sababaraha arsip sajarah Spanyol; hiji musieum nasional nu loba eusina,[ 22] jeungGolden Triangle of Art , nu perenahna sapanjangPaseo del Prado nu ngawengku tilu musieum seni:Musieum Prado ,Musieum Reina Sofía , hiji musieumseni modéren , katutMusieum Thyssen-Bornemisza , nu ngalengkepan kakurangan dua musieum liana.[ 23] Karaton katut Cai mancer Cibeles jadi lambang ieu dayeuh.[ 24] [ 25] [ 26]
Madrid jadi tempat kleubmaén bal nu kasohor,Real Madrid katutAtlético de Madrid .