Mérkurius (ᮙᮦᮁᮊᮥᮛᮤᮅᮞ᮪) atawaUtarid (ᮅᮒᮛᮤᮓ᮪) atawaBuda (ᮘᮥᮓ) nyaétaplanét pangleutikna disurya mandala tur anu pangdeukeutna kaPanonpoé kalawan waktu révolusi 88 poé. Planét ieu henteu gampang katempo alatan sudut ténjona jeung panonpoé leutik. Mérkurius ngan bisa katémbong dina waktu subuh atawa magrib. Henteéu réa anu dipikanyaho ngeunaan Mérkurius alatan ngan hijipasawat antariksa anu kungsi ngadeukeutanana nyaéta Mariner 10 dina taun 1974 nepi ka taun 1975. Mariner 10 ngan hasil ngagambarkeun kira-kira 40 nepi ka 45 persén tina beungeut planét.
JigaBulan, Mérkurius miboga réakawah sarta ogé henteu mibogasatelit alami jeungatmosfir. Mérkurius miboga inti beusi anu nyiptakeun hijimédan magnet kalawan kakuatan 0.1% tina kakuatan médan magnét bumi. Suhu beungeut Mérkurius antara 90 nepi ka 700Kelvin (-180 nepi ka 430 darajat C),
Pangimeutan Mérkurius nu munggaran kacatet nyaéta dina jaman bangsaSuméria dina milénium ka tilu saméméh maséhi. BangsaRomawi méré ngaran planét ieu ku ngaran salah sahiji ti déwa maranéhanana, Merkurius (nu dipikawanoh ogé minangkaHermes dina mitologi Yunani jeungNabu dina mitologi Babilonia). Lambang astronomis pikeun mérkurius nyaéta abstraksi ti sirah Mérkurius sang déwa kalawan topi jangjangan luhureuncaduceus. Urang Yunani dina jamanHesiod méré ngaran Stilbon jeung Hermaon alatan saméméh abad ka lima saméméh maséhi maranéhanana nganggap yén Mérkurius téh dua barang antariksa anu béda, anu hiji ngan katénjo waktu panonpoé medal sarta anu hijina deui ngan katénjo waktu panonpoé surup. Di India, Mérkurius dingarananBudha (बुध), anak tiCandra sang bulan. Dina budayaTiongkok,Koréa,Jepang jeungViét Nam, Mérkurius dingaranan "béntang cai". UrangIbrani méré ngaran Kokhav Hamah (כוכב חמה), "béntang ti anu panas" ("anu panas" maksudna panonpoé). Diaméter Mérkurius 40% leuwih leutik batan Bumi (4879,4 km), sarta 40% leuwih gedé ti Bulan. Ukuranana ogé leuwih leutik (sanajan leuwih padet) batan bulan Yupiter, Ganiméde jeung bulan Saturnus, Titan.