Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Liang Heunceut

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ieu artikel eusina ngeunaan jalan babar.Pikeun organ séks awéwé mah, tempomémék.
Close-up photograph of vagina
Vagina
Diagram saluran réproduksi awéwé jeung ovarium
Rincian
Prekursorurogenital sinus andparamesonephric ducts
Arterisuperior part touterine artery, middle and inferior parts tovaginal artery
Venauterovaginal venous plexus,vaginal vein
SarafSympathetic: lumbar splanchnic plexus
Parasympathetic: pelvic splanchnic plexus
Limfaupper part tointernal iliac lymph nodes, lower part tosuperficial inguinal lymph nodes
Pengenal
LatinVagina
MeSHA05.360.319.779
Dorlands
/Elsevier
Vagina
TAA09.1.04.001
FMACitakan:FMA
Terminologi anatomi

Liang Heunceut (Basa Latinnavagina, hartina "sarangka"), nyaéta jalan nyolobong ti mimitiuterus nepi ka bagian luar awak bikangmamalia, atawa nepi kakloaka namanuk bikang sarta sababaraharéptil.Serangga bikang jeunginvertebrata séjénna ogé boga heunceut, nu mangrupa bagian tungtungoviduk.

Dinamamalia,heunceut atawaliang heunceut téh hijiotot sarta bagian tinasistim kingkiihan awéwé, mun dina manusa mah manjang tinamémék nepi kasérviks. Ari dina bubukaan heunceut nu pangluarna aya bagian anu katutupan ku mémbran anu disebuthimén atawa salaput dara. Dina bagian pangjerona pisan, aya sérviks (beuheungrahim) anu nonjol nepi ka kana heunceut. Ari heunceut téh ngajalanan kanasapatemon sartababar, ogékokocoran héd, anu maneuh sacara périodik bagian tina siklussiklus héd.

Anatomi réproduktif internal awéwé


Pikeun tujuananatomi, vagina bisa ngandung harti struktur naon waé salaku sarangka, saperti dina heunceutvéna portal. Conto séjén nyaéta sarangka serat sabudeureunténdon, disebutnavagina fibrosa nalika padet atawavagina mucosa nalika ngandung rongga nu pinuh ku cairan sabudeureun téndon.

Dinabasa Sunda, kecap heunceut ogé dilarapkeun pikeun nuduhkeun bagian nu liangan dina hiji barang. Misalna,heunceut jarum, nu maksudna liang nu aya na jarum kaput.

Liang Heunceut manusa

[édit |édit sumber]

Liang Heunceut mangrupa solobong otot nu élastis nu panjangna kira 4 inci (100 mm) nu nyambungkeunheunceut di bagian luar, kasérvixuterus di bagian jero. Mun wanoja ngadeg ajeg, solobong heunceut nangtung déngdék ka tukang ngabentukjuru saeutik leuwih ti 90 darajat jeung uterus. Liang heunceut aya di bagian tukang palawangan (vulva), tukangeunliang kahampangan.

Sacara biologis, heunceut ngajalankeun sababaraha fungsi:

Nalika rarasmi, heunceut ngalegaan sarta manjangan;leuleueur heunceut kaluar tinakalenjar deukeut lawang heunceut jeung sérvix.

Selaput daramémbran nu aya tukangeun lawang urétra—sabagian nutupan heunceut sababaraha organisme, kaasupmanusa (wanoja), ti babar nepi ka ditembus nalika munggaran sapatemon, atawa bisa ogé alatan kagiatan séjén kaasup pamariksaan médis, kacilakaan, sababaraha rupa latihan, jsb.

Heunceut sabenerna kaasup basa nu kasar upama dilarapkeun dina babasaan sapopoe. Upama di tarjamahkeun kana basa lemesna, heunceut disebut ogé palawangan.

Tempo Ogé

[édit |édit sumber]

Tumbu Luar

[édit |édit sumber]
Internal
Adnexa
Ovaries
Follicles
Other
Fallopian tubes
Ligaments
Wolffian vestiges
Uterus
Regions
Layers
Ligaments
General
Heunceut
Éksternal
Mémék
Labia
Clitoris
Urethra
Other
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Liang_Heunceut&oldid=603013"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2026 Movatter.jp