Héring Atlantik,Clupea harengus: spésiés lauk panglobana di sakuliah dunya.
Lauk atawa lauk cai mangrupavertebrata poikilotermik (getih tiis) nu hirup di jero cai makéinsang. Di dunya, lauk kabagi jadi leuwih ti 27 rébuspésiés, nepi ka jadi golongan vertebrata nu loba rupana. Sacara taksonomis, lauk téh mangrupa hiji kelompokparafilétik nu hubungan di antarana paling mindeng dipadungdengkeun; babagian nu umum mah nyaéta jadilauk tanpa rahang (kelasAgnatha, 75 spésiés kaasupbelut jeunghagfish),lauk kartilagus (kelasChondrichthyes, aya 800 spésiés, kaasuphiu), sarta sésana dina kelaslauk ipis (Osteichthyes).
Lauk téh mangrupa golongan sato anu ukuran awakna rupa-rupa pisan: tihiu anu 16 m nepi kaimpun anu ukur 2 cm, malah loba kénéh anu ukuranana leuwih leutik ti impun.
Lauk mah ngabentuk kelompok parafilétik: sakabéh kumpulan (clade) nu ngandung lauk salawasna ngandung ogététrapoda nu lain lauk. Lauk digolongkeun kana sababaraha kelompok utama: