Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Kutu

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Phthiraptera
Mikrograf cahayaFahrenholzia pinnata
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Filum:
Kelas:
Subkelas:
Infrakelas:
Superordo:
Ordo:
Phthiraptera

Haeckel, 1896
Subordo

Anoplura
Rhyncophthirina
Ischnocera
Amblycera

Kutu (basa hormat:Puntang) nyaétainséktaparasit nu teu bogajangjang nu nyedotgetihsasatoan atawamanusa (sapertihayam,jeunganjing).[1] Keurmanusa, kutu mangrupainsékta parasit leutik nu bisa ngeusiansirah jeungawak, kaasup daerahintim.[2] Kutu manusa hirup ku cara nyedot getih manusa. Kutu nujul kana sagala rupaartropoda leutik nepika leutik pisan.[2] Ngaran ieu digunakeun pikeun sababarahacrustaceacai leutik (saperti kutu cai), insékta (saperti kutu sirah jeung kutu daun), sarta rupa-rupa anggotaAcarina (tumila jeungcaplak, nu leuwih raket patalina jeunglancah daripada insékta). Sagala nu disebut "kutu" alatan ukuranana leutik. Ku kituna, harti awam istilah ieu teu boga harti taksonomi.[3]

Rupa-rupa kutu

[édit |édit sumber]

Tilu jinis kutu nu cicing dina manusa nyaéta:[2]

  1. Pedicles humanus capitis (kutu sirah, kutu rambut)[2]
  2. Pedicles humanus corporis (kutu awak, kutu pakéan)[2]
  3. Ptirus pubis (kutu "keuyeup", kutu alat kelamin).[2]

Di handap ieu aya sababaraha kelompok sato nu ngagunakeun ngaran kutu:[3]

Galéri

[édit |édit sumber]

Ieu di handap, aya sababaraha gambar pikeun némbongkeun bébéda masing-masing kutu.

  • Kutu cai Cyclops bicuspidatus bikang (kénca) jeung jalu
    Kutu caiCyclops bicuspidatus bikang (kénca) jeung jalu
  • Kutu cai Daphnia
    Kutu caiDaphnia
  • Kutu (flea)
    Kutu (flea)
  • Fahrenholzia pinnata, tuma (louse) sok aya dina beurit
    Fahrenholzia pinnata, tuma (louse) sok aya dina beurit
  • Kutu daun (Aphid). Kutu daun sabenerna lain kutu jati, sabab leuwih deukeut siga wereng
    Kutu daun (Aphid). Kutu daun sabenerna lain kutu jati, sabab leuwih deukeut siga wereng
  • Wereng Metcalfa pruinosa. Wereng kadang bisa dianggap salaku kutu
    WerengMetcalfa pruinosa. Wereng kadang bisa dianggap salaku kutu
  • Psylla alni, sajenis kutu luncat. Sanajan dingaranan "kutu", kelompok ieu leuwih siga wereng
    Psylla alni, sajenis kutu luncat. Sanajan dingaranan "kutu", kelompok ieu leuwih siga wereng
  • "Kutu" béas biasa (Tribolium confusum), nu bener na mah disebut kumbang béas atawa kumbang tipung
    "Kutu" béas biasa (Tribolium confusum), nu bener na mah disebut kumbang béas atawa kumbang tipung
  • Tongo Trombidium (bintik-bintik merah) keur ngagurubugan kembang. Tongo téh lain kutu.
    TongoTrombidium (bintik-bintik merah) keur ngagurubugan kembang. Tongo téh lain kutu.

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. (id)Kutu (diakses 9 Juli 2015)
  2. abcdef(id)Pengertian KutuArchived 2015-06-08 diWayback Machine (diakses 9 Juli 2015)
  3. abcdef(id)Informasi Kutu[tumbu nonaktif] (diakses 9 Juli 2015)
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kutu&oldid=673621"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp