Dinazootomi jeungdermatologi,kulit téhorgan dinasistim kulit nu diwangun ku lapisanjaringan biologis nu nutupanotot jeung organ di handapeunana. Salaku panyelang jeung sabudeureunana, kulit téh boga pancen penting pisan dina ngalawanpatogén. Guna séjénna di antarana salakuinsulasi jeung ngatur hawa, sensasi, sarta sintésisvitamin D jeungB.
Kulit téh ayapigménan dinamélanositna, nu nyerep sababaraharadiasi bubahya tipanonpoé. Kulit ogé ngandungénzim pangropéaDNA anu malikkeun deui karuksakan alatan radiasi UV, antukna jalma nugén énzim ieuna ruksak bisa ngalamankangker kulit. Pigméntasi kulit manusa téh rupa-rupa pisan, antukna sok dipaké pikeun ngabédakeun antarsélér.
Kulitmamalia ilaharna mah ogébuluan (rambut).Rambut ieu utamana mah pikeun ngabantu insulasi nu disadiakeun ku kulit, tapi bisa ogé dijadikeun ciri séksual sekundér atawa nyaru.
Kulit téh diwangun kudermis jeungépidermis. Di handapeun lapisan ieu ayahipodermis (lapisan adiposa subkutan), nu biasana mah teu digolongkeun salaku lapisan kulit.
Kulit bisa dibagi kana tipeukandel jeungipis. Kulit kandel aya dina dampal suku jeung leungeun;stratum corneumna leuwih lébar sarta kandungan keratinna leuwih loba, euweuh rambutan. Sakujur awak, lian ti nu disebut di luhur, dibungkus ku kulit ipis:stratum corneumna leuwih leutik, rambutan, leuwih lemes sarta leuwih élastis. Karakteristikna, kaasup dénsitas saraf sénsori jeung tipeu rambut, rupa-rupa gumantung perenahna.
Pangrasa: ngandung rupa-rupa tungtung saraf nu bakal ojah alatan pangaruh panas, tiis, antel, teken, geter, jeung tatu jaringan.
Ngatur hawa: kulit téh ngandung kelenjarsebaceous jeungotot pili éréktor nu lemes.
Simpenan jeung sintésis: nyimpen lipid jeung cai, ogé tempat sintésisvitamin D jeungB ku ayanaUV dina bagian kulit anu tangtu. Sintésis ieu patali jeung pigméntasi: kulit leuwih poék mun ngahasilkeun vitamin B leuwih loba batan vitamin D, sarta sabalikna.
Ékskrési: kadaruréa dina cikiih téh 1/130-na. Ékskrési ngaliwatan késang mangrupa guna sekundér pikeun ngatur hawa.
Absorpsi:oksigén,nitrogén, jeungkarbon dioksida bisa difusi kana épidermis dina jumlah anu saeutik. Ubar ogé bisa diasupkeun ngaliwatan kulit, misalna dina rupa salep jeung koyo.
Luyu jeung umur nu beuki ngolotan, kulit téh beuki ipis sarta leuwih gampak ruksak. Kulit jadi kerejut (alatan ngurangan élastisitasna), sarta asupan getih jeung kelenjarna beuki saeutik.
Élmu kadokteran nu ngulik kulit disebutdermatologi.