Komputer desktop
Komputer dekstop biasa digunakeun di kantor, imah, jeung sakola. Komputer dekstop dirancang keur diteundeun luhureun méja. Ilaharna, komputer dekstop miboga sababaraha bagian nu béda, contona wadah komputer, kibor, beubeuritan, jeung monitor.
Komputer laptop
Komputer laptop biasa disebut laptop. Laptop miboga kakuatan batré nu leuwih portabel dibanding desktop. Laptop ogé bisa dicokot sarta digunakeun di mana baé.
Komputer tablet
Komputer tablet atawa tablet nyaéta komputer genggem nu leuwih portabel dibanding laptop. Tablet miboga layar sentuh keur ngetik jeung navigasi. Contoh tina produk tablet nya éta iPad.
Server
Server nya éta komputer nu nyadiakeun inpormasi ka komputer nu séjén dina jaringan. Contona nya éta internet. Server ogé digunakeun keur neundeun sarta ngabagi data internal.[1]
Sarana komunikasi
Komputer digunakeun pikeun alat komunikasi jarak jauh. Komputer kiwari enggeus bisa ngirim sagala rupa pesen nu singget ka nu séjén. Pengguna komputer bisa ngagunakeun e-mail jeung sosial média saperti Facebook, Instagram, Twitter, jeung WhatsApp. Komputer ogé bisa nyadiakeun layanan video call jeung video conference dina aplikasi Zoom jeung Google Meet.
Ngabantuan kagiatan diajar
Komputer mangrupa alat nu bisa ngabantuan kagiatan diajar. Murid bisa néangan sagala rupa inpormasi tina Google ku jalan komputer.
Ngabantuan pagawéan
Dina pagawéan, komputer dipaké ku sababaraha profési saperti resepsionis, programmer, akuntan, jeung nu lianna. Komputer digunakeun pikeun ngolah data-data nu penting keur pausahaan. Ilaharna, aplikasi komputer nu digunakeun nya éta Microsoft Office, e-mail, nepi ka sistim SAP.
Paluang bisnis
Komputer bisa ngamangpaatkeun komputer keur ngawanohkeun usaha sacara online. Ilaharna, pangguna ngagunakeun situs e-commerce keur ngalakukeun bisnis.
Platform hiburan
Komputer ogé bisa dimangpaatkeun pikeun média hiburan. Pamaké bisa ngaaksés hiburan kayaning YouTube, pilem, musik, gim, jeung nu lianna.[2]
Hardware
Hardware nya éta parangkat keras nu miboga wangun fisik. Hardware bisa dioperasikeun sacara langsung sarta boga fungsi minangka panghubung antara pamaké jeung sistim komputer. Hardware dibagi jadi opat bagian, nya éta input device, output device, processing device, jeung storage device.
Input device atawa parangkat masukkan mangrupa parangkat keras nu boga fungsi keur ngasupkeun paréntah jeung data ka jero sistim komputer. Kecap lianna nya éta gerbang abus keur data nu rék diolah sistim komputer. Data nu geus asup bakal dikonvérsi jadi kodeu binary nepi bisa dibaca ku mémori utama komputer. Conto input device nya éta kibor, beubeuritan, webcam, jeung scanner.
Data nu geus diasupkeun ku jalan input device bakal diolah di bagian processing device ku sabab processing device sorangan nya éta hiji parangkat nu boga peran keur ngolah data. Prosés ieu sacara spésifik dilakukeun ku Central Processing Unit (CPU) atawa nu dikenal uteuk sistim komputer. CPU boga tugas keur narima sarta ngajalankeun paréntah ka bagian software. Sababaraha komponén dina CPU nya éta prosesor, RAM, kartu VGA, hard disk, mother board, jeung cooling fan.
Sanggeus ku jalan processing device, data nu geus diolah bakal dikaluarkeun sarta ditémbongkeun ka pamaké. Datana mangrupa beunang gambar, vidéo, sarta audio (soara). Prosés ieu bakal lumangsung di bagian output device sarta bakal dikaluarkeun ku jalan monitor, printer, headphone, speaker, webcam jeung mikrofon.
Proses paneundeunan ayana tina storage device atawa parangkat paneundeunan. Storage device sorangan kabagi jadi dua jinis, nya éta internal storage jeung eksternal storage. Internal storage mangrupa bagian paneundeunan nu némpél dina CPU sarta tina hard disk jeung RAM. Sedeng eksternal storage, ngacu ka jinis paneundeunan nu bisa dilepas tur teu kaiket ku sistim hardware komputer. Paneundeunan jinis ieu praktis ku sabab bisa dicokot ka mana baé. Sababaraha contoh tina eksternal storage nya éta hard disk eksternal, CD, DVD, jeung flashdisk.
Software
Software atawa parangkat lunak nya éta hiji komponén nu teu ngagabogaan wujud, alias abstrak. Parangkat jinis ieu kabagi tina program nu tugasna keur ngolah data nu geus diasupkeun ka jero hardware. Software dibagi jadi tiga bagian nu beda, nya éta: software sistim, software aplikasi, jeung software tambahan.
Software sistem nyaéta parangkat lunak nu boga tugas keur ngatur komponen dina komputer sacara taliti. Komponen ieu nya éta sistim operasi (OS) saperti Windows XP, Windows 2000, Windows 7, Linux, macOS jeung nu lianna.
Software aplikasi nya éta runtuyan program aplikasi beunang digunakeun pangguna pikeun nganggeuskeun hiji tugas tangtu. Beunang disebut yén software aplikasi mangrupa program panglengkep dina komputer anu digunakeun minangka sarana pangolahan data. Sababarah conto tina software aplikasi, nya éta web browser (Chrome, Mozilla Firefox), Microsoft Office, game jeung réa-réa deui.
Software tambahan nya éta béréndélan program nu bisa ngajalankeun tugas-tugas husus atau tambahan sakaligus nangtayungan parangkat hardware. Contona nya éta data recovery, disk defragmenter, screensever, jeung backup.
Brainware
Istilah brainware nya éta pamaké komputer. Pamaké miboga wewenang keur ngajalankeun jeung ngaoperasikeun komputer. Lamun teu aya pamaké, komputer moal jalan sacara maksimal. Conto tina brainware sorangan nya éta programmer, sistim analis, operator, jeung administrator.[3]