Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Koma

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel atawa bagian artikel ieu butuh leuwih loba réferénsi sangkan pasti.
Mangga bantosngédit artikel ieu kalawan nambihkeun réferénsi.
Tag ieu dibéré dina Pébruari 2016
Tanda Baca Koma

Koma nyaéta tanda baca anu mibanda rupa mirip apostrop atawa tanda petik tunggal mung ditempatkeun dina garis dadasar tulisan.[rujukan?] Babaraha jenis aksara ngagambarkeunna minangka hiji garis leutik anu rada melengkung atawa kadang lempeng, atawa saperti angka salapan anu dieusi bagéan bolongna.[rujukan?]Tanda koma dipaké dina loba konteks jeung basa, umumna minangka pamisah.[rujukan?] Numutkeun Oxford English Dictionary, kecap ieu asalna tina basaYunani: komma (κόμμα) nu hartina hiji hal anu dipotong atawa klausa pondok.[1]

Pamakéan jeung Panempatan Tanda Koma

[édit |édit sumber]
  1. Tanda koma dipaké di antara unsur-unsur dina hiji pajéntréan atawa pawilangan.[2]
    Misalna:
    Simkuring meulikertas, balpén, jeung patlot
  2. Tanda koma dipaké pikeun misahkeun kalimah satara nu hiji tina kalimah satara salajengna nu dipiheulaan ku kecaptapi atawanamung.[2]
    Misalna:
    Simkuring téh tos badé angkat, namung kabujeng breg hujan.
  3. Tanda koma dipaké ditukangeun kecap atawa ébréhan panghubung antarkalimah nu aya dina awal kalimah. Kaasup ogé di jeronaku sabab kitu,ku lantaran kitu,jadi,ti nimbang kitu, jsb.[2]
    Misalna:
    ......ku sabab kitu, urang kedah ati-ati.
  4. Tanda Koma dipaké pikeun misahkeun kecap sapertio,nya,wah,aduh,euleuh tina kecap séjén nu aya dina sakalimahna.[2]
    Misalna:
    Wah, kacida pisan!
  5. Tanda koma dipaké pikeun misahkeun petikan langsung tina bagéan séjén dina sakalimahna.[2]
    Misalna:
    “Padahal mah ku uing gé geus dibeunyeurbéaskeun pan,” kocap Udin
  6. Tanda koma dipaké diantawis ngaran jeung alamat, bagéan-bagéan alamat, tempat jeung kaping ogé ngaran tempat jeung wilayah atawa nagara nu ditulis runtut.[2]
    Misalna:
    Sadérék Abdulloh, Jl. Siliwangi 10, Sukabumi
    Sukabumi, Jawa Barat
    Serat ieu téh dialamatkeun ka Ponpes Qurrotiyyah, Yayasan Sentra Buana, Jl. Babakanjaya 6, Sukabumi
    Sukabumi,13 Nopémber2014
  7. Tanda koma dipaké pikeun nyaritakeun bagéan ngaran tibalik dina daptar pustaka.[2]
    Misalna:
    Ramdani, Yusup. Wanci Nu Mustari. Sukabumi: Gramédia. 2014
  8. Tanda koma dipaké diantawis ngaran jalma jeung gelar atikan nu nuturkeunna pikeun ngabédakeun tina singkétan ngaran, kulawarga atawa marga.[2]
    Misalna:
    Rd. Ny. M. Alisyahbanna, S.Kom
  9. Tanda koma dipaké pikeun ngahindarkeun tina kasalahan maca.[2]
    Misalna:
    Dina ngabina jeung ngembangkeun basa, urang ngabutuhkeun sikep nu bener-bener.
  10. Tanda koma dipaké di hareup angka sapersapuluh atawa diantawis Rupiah jeung sén nu dilarapkeun kana mangrupa angka.[2]
    Misalna:
    12,5
    Rp. 1.550,50

Rujukan

[édit |édit sumber]
  1. Wikipedia Bahasa Indonesia: Tanda koma
  2. abcdefghijDivisi Akademik Bintang Pelajar. Suplemen PTN Favorit: IPS. Bogor: Bintang Pelajar. 2008
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Koma&oldid=627367"
Kategori:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp