Koloseum nyaéta salah sahiji titinggal sajarah mangrupa arena gladiator nu diwangun kuVespasian.[1] Disebut ogé tempat pintonan nu kacida gedéna, wangunna elips nu disebutampiteater atawa ngaran aslina mahFlavian Amphitheatre nu kaasup kana69 Keajaiban Dunia Pertengahan.[1] Ieu situs perenahna aya di dayeuh leutik diItalia,Roma nu diwangun ku walikota Vespasian dina mangsaDomitianus tur dianggeuskeun ku budaknaTitus sarta jadi salah sahiji karya panggedéuna ti arsitékturKarajaan Romawi nu kungsi diwangun.[1] Koloseum dirarancang pikeun 50.000 nu nongton.[1]
Rékontruksi koloseum dimimitian ku ayana paréntah Raja Vespasian taun72 M sarta dianggeuskeun ku anakna Titus dina taun80 M.[1] Koloseum diwangun padeudeukeut jeung hiji istana nu agréng nu diwangun kuDomus Aurea sanggeus kahuruan rongkah di Roma taun64 M.[2] Dio Cassius salah saurang ahli sajarah nétélakeun yén aya 9.000 sato nu paéh nalika 100 poéna éta kolloseum diresmikeun.[2] Ngaran kolloseum dicokot tina ngaran hiji patung nu jangkungna 40 metér nyaéta patungColossus nu dijieun minangka gagantiNero nu mangrupa lambangSol atawa déwa panonpoé kalawan nambahkeun mahkota matahari.[2] Salian ti éta ngaran kolloseum disebut ogé Flavian Amphithéatre nu teu dipikanyaho saha nu méré éta ngaran.[2] Di Itali, Kolloseum dibéré ngaranil colosseo tapi basa Romana mahle colisée jeungel coliseo pikeun nyebutkeun Kolloseum.[2]