Kohkol atawa dina basa Indonésia mah disebutkentungan mangrupa salah sahiji waditra bisa dijieun tinaawi atawa tinakai.[1]Kohkol tina kai pangawakanna leuwih gedé katelah ogé borogodod[2], panjang kurang leuwihsaméter nepika saméter satengah, buleudna opat puluh sénti. Dipilemburan kohkol dipibanda ku unggal masjid jeung pos ronda.[3]
Kohkol ditabeuh mangsana dibutuhkeun pikeun tangara geus cunduk kana waktu solat[4], bisawaé ditabeuh pikeun panggentra ngumpulkeun masarakat ngayakeun gempungan ditempat anu geus maneuh[4], malahan kohkol ditabeuh dina salah mangsa umpamana tengahpeuting éréng jentréng pikeun totondén ayana bégal atawa jalma jahat anu ngulampreng ka jero lembur.[5]
![]() | Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeungSlit drums. |
![]() | Artikelieu mangrupataratas, perlu disampurnakeun. Upami sadérék uninga langkung paos perkawis ieu, dihaturan kanggongalengkepan. |