Klor nyaéta hijiunsur kimia dinatabél périodik anu miboga lambangCl jeungnomor atom 17.[1] Klor kapanggih dina taun1774 kuCarl Wilhelm Scheele, manéhna salah neguh yén klor téh ngandungoksigén.[2] Ieu unsur meunangkeun ngaranna nu siga kiwari téh taun1810 kuHumphry Davy.[2] Unsur kimia murni klor wangunnagas diatomik nuwarnana héjo.[2] Ngaran klor éta téh asalna tina kecap latinchloros, nu hartina héjo, nujul kanawarnagas ieu.[2]Gas klor miboga beurat 2,5 kali hawa, miboga bau pinyesekkeun, sarta pohara racunna.[2] Dina wangun cair jeung padet mah klor mangrupa oksidator kuat, pamutih, jeung agén disinféktan nu kuat.[2] Ieu élemen mangrupa bagéan tina sérihalogén pangwangunuyah anu bisa diékstrak tinaklorida liwatoksidasi jeungéléktrolisis.[2] Di alam, klor loba kapanggihna téh sanyawaan jeungunsurnatrium ngabentukuyah dapur (NaCl), sarta kapanggih dinakarnalit jeungsilvit.[2]Klorida ngawangun lobauyah di lautan kurang leuwih 1,9% tina massacai laut nyaétaionklorida.[2]