Kloning (Ing.cloning) hartina prosés nyiptakeun salinan idéntik ti nu aslina.Klon (clone) dina jihatbiologi, ngandung hartisél tunggal (kawasbaktéri,limfosit, jsb.) atawaorganisme multisélulér nu sacaragenetik idéntik jeung organisme hirup lianna. Ieu kadang nujul ka klon alami nu kaciptakeun nalika hiji organismebaranahan sacara aséksual atawa nalika dua individu nu idéntik sacara génétik teu ngahaja dihasilkeun (kawas dinakembar idéntik), tapi umumna mah sok nujul ka hasil rékayasa. Baca ogéklon (genetika).
Istilahklon diturunkeun tinaκλων, kecapbasa Yunani pikeun "twig".Dina dunyahortikultura, éjahanclon kungsi dipaké nepi kaabad ka-20.
Kloning gén hartina ngékstrak gén ti hiji organisme (misalna kuPCR) sarta ngasupkeun hasilna ka organisme séjén (biasana makévéktor antukna bisa diulik leuwih jero. Kloning gén bisa paké pikeun idéntifikasi gén nu patali jeung hijifénotipe; misalna nalika para ahli biologi nyebutkeun yén gén panyakit X geus diklon, mangka nu dimaksud téh yén perenah jeung runtuyan DNA génna geus diidéntifikasi. Téhnik nu raket jeung ieu nyaétasubkloning, nu hartina mindahkeun gén ti hijiplasmid ka plasmid séjénna pikeun ulikan leuwih jero.
Kloning sél hartina nurunkeun hiji populasi sél (populasi klonal) tina hiji sél tunggal.
Kloning organisme sacara umum ngandung harti nyiptakeun organisme anyar nu ngandung émbaran génétik nu sarua jeung sél tunggal indungna. Dina kontéks modérn, ieu bisa ngawengkutransfer inti sél somatik, nyaéta ngaluarkeuninti tina hiji sélendog lajeng diganti ku inti nu diékstraksi ti sél organisme nu rék diklon (kiwari, boh sél endog atawa inti nu dicangkokkeunana kudu kénéh ti nu saspésiés). ku sabab intina ngandung ampir sakabéh émbaran génétik hiji bentuk kahirupan, sél endogna bakal mekar jadi organisme nu sacara génétik idéntik jeung "donor" inti. Disebut ampir, sabab organisme multisélulér mah boga mitokondria nu mawa émbaran gentikna sorangan,DNA mitokondria.
Kloning nu aya di alam (alami) dina sababaraha spésiés dsebutpartenogenesis. Contona nyaétaWasmannia auropunctata ("Sireum Seuneu", cocoanana karasa panas)), nu asli ti Amérika Tengah jeung Kidul, tapi geus sumebar ka wewengkon tropis. Hiji populasi spésiés ieu diSuriname, boh nujalu atawa nubikangna, bisa baranahan sacara klonal.
Usaha kloning nu hasil mah ukur saeutik:domba Dolly téh mangrupa hiji hasil ti 276 usaha nu gagal; aya borojol 70énéng (ti salapan rébu uji coba), sapertiluna teu lana hirup.
Hal lian nu kapanggih tina ieu ékspérimén nyaéta patali jeungprosés ngolotan;domba Dolly ngolotan leuwih gancang batan normal.
Kloning, atawa pasna mah rékonstruksi DNA fungsional ti spésiés nu geus lastari mangrupa salah sahiji angen-angen para élmuwan. Angen-angen ieu didramatisir dina novel karyaMichael Crichton katut filmna nu kawentar: "Jurassic Park". Dina prakna, nu kungsi dicobaan téh nyaéta kloningWoolly mammoth, ngan hanjakal DNA-na gagal diékstrak ti awakna nu beku téa.
Cloning in FocusArchived 2005-12-08 diWayback Machine, dadaran kompréhénsif ngeunaan panalungtikan kloning di Genetic Science Léarning Center, Universitas Utah
Click and CloneArchived 2006-05-03 diWayback Machine. Cobaan ku nyalira kloning beurit di laboratorium maya, ti Genetic Science Léarning Center, Universitas Utah