Kiripik kentang téh nyaétakentang nu disiksikan aripis tuluy digoréng, digarang atawa disangray sangkan jadi garing jeung rangu.[1] Ari kiripik kentang biasana jadi jajanan, cemilan atawa kadaharan pamuka.[1] Kiripik kentang diolahna téh ku caradiuyahan, ditambahan rupa-rupasamara sangkan ponyo didaharna.[1] Loba pisan variasi rasa dina kiripik kentang, jiga rasakéju, rasa alami, rasahayam, rasasapi jeung sajabana.[1] Ari saenyana mah olahan kiripik kentang téh sok dicampur kujagong,sampeu,cau,boléd,wortel atawa ogé bahan lianna keur nambahan rasa husus nu jadi pangirut ka nu meulina.[1]
Kiripik kentang nu diuyahan téh kandungan sodiumna bisa jadi nambahan.[2] Ieu hal patali jeung masalah kaséhatan, saperti tekanan darah tinggi jeung obésitas lamun daharna kamalinaan jeung teu luyu jeung kondisi awak.[2] Panalungtik di Queen Mary, University of London taun 2004 ngungkabkeun yén sakantong kiripik kentang asin téh ngandung loba pisan uyah jiga mérekSpecial K, All-Bran, Golden Grahams, Cheerios, Shreddies, Cornflake jeung sakumna mérek anu dijual diInggris.[2] Sawatara parusahaan kiripik kentang geus ngahaminan éta cawadan kalawan ngayakeun obsérvasi keur mekarkeun résép nu aya sangkan nyiptakeun produk nu teu pateungteung jeungkaséhatan.[2]