Kimono mangrupa salah sahiji pakéan langsung nu dipikawanoh di dunya tradisional.[1] KecapKimono hartina pakéan, dina pertengahan abad ka 19,kimono dipaké ku sakabéh masarakatJepang.[1] UrangJepang, kimono leuwih dipikawanoh ku sebutanWafukubasa Jepang: 和服 sacara harafiah:pakéan Jepang atawaGofukubasa Jepang: 呉服 sacara harafiah: pakéan ti jamanGo di Tiongkok pikeun ngabédakeun jeung pakéan baratYofuku.[2]
Cara makékimono dina basaJepang disebutKitsuke.[2] Dina makékimono miboga sababaraha aturan saperti ti mimiti jenis-jeniskimono anu luyu jeung acarana, nepi ka aksesoris anu luyu kalayan jeniskimono na.[2] Diajar makékimono henteu gampang, ku kituna diJepang loba tempat kursus pikeun diajar pakékimono.[2] Di toko-toko ogé loba dijual peralatan anu ngagampangkeun jalma pikeun makékimono.[2]
Ku lantaran cara makékimono hésé jeung deui hargakimono anu mahal,kimono ngan dipaké ku jalma-jalmaJepang jaman ayeuna, boh lalaki boh awéwé, jeung barudak nalika datang ka acara-acara istimiwa saperti kagiatan seni jeung olahraga anu miboga sipat tradisional.[2]
Wanoja anu umurna geus dua puluh taun kudu makékimono Furisode anu pangéndahna pikeun datang dina upacaraSaidin Shiki.[2] Kitu deui kolotna ngawajibkeun budakna makékimono nalika budakna tepang taun dina umur tujuh, lima, sarta tilu taun anu disebutHichi-go-san.[2] Sajaba ti éta,kimono loba dipaké ku jalma-jalma anu gawédina widang industri jasa jeung pariwisata, saperti pelayan di restoran hasJepangryotei sarta nu digawé di hotel hasJepangryokan.[2]
Kimono pikeun wanoja diwangun ti sagala rupa jenis anu miboga sarat, simbolisme, jeung isarat-isarat nu sipatna rusiah.[2] Jenis kimono bisa némbongkeun umur si pamaké, status perkawinan, sarta tingkat formalitas ti acara anu didatanganana.[2]