Ki-urat,Ki Urat, atawaCeuli Uncal (Plantago major) nyaéta hiji spésiésPlantago, kulawargaPlantaginaceae, pituinÉropa jeungAsia tengah jeung kalér[1][2][3], ngan di mana-mana geusdinaturasi, antukna geus dianggap tutuwuhan liar biasa[4].[5][6]
Ki Urat téh tutuwuhanternataunan, ngarandakah kalawan diaméter 15–30 cm. Daunna lonyod, ukuran panjang 5–20 cm sarta lébar 4–9 cm, tapi kadang bisa nepi ka 30 cm panjang/17 cm rubak; urat daunna aya 5-9.Kembangna leutik, kelirna coklat semu héjo, kalawan benang sari kelir bungur[3][7].[8]
Ki urat bisa tumuwuh sampurna dina taneuh anu padet/teuas, antukna sok katempo liar di sisi jalan, trotoar, jeung sisi témbok. Sok komo ari dipakébonan mah, alatan penyerbukanana dibantuan ku angin[7].
Siki kiurat biasa kapanggih dinaséréal, sabab di kebon-kebon ieu tutuwuhan téhngagalaksak[4]. Di bawa kaAmérika Kalér nalika kolonisasi ku bangsa Éropa. Urang Amérika pituin nyebutna "Tapak Jalma Bulé", sabab aya di mana waé aya urang bulé[9].
Daun kiurat bisa didahar, utamana nu ngora, malah sok dipaké natambaan kasakit. Di antarana waé pikeun ngubaran tatu[10]. Kiurat dina basa Inggris, di antarana dipikawanoh maké sebutanBroadleaf Plantain,Broad-leaved Plantain,Cart Track Plant,Dooryard Plantain,Greater Plantago,Healing Blade,Hen Plant,Lambs Foot,Roadweed,Roundleaf Plantain,Waybread,Wayside Plantain,White Man's Foot[11].
↑*Britton, Nathaniel Lord (1913).An Illustrated Flora of the Northern United States and Canada, Volume 3 (Édisi second edition). Dover Publications, inc. hlm. 245.;
Wikimedia Commons memiliki media mengenaiPlantago major.