Kazakhstan (basa Kazakh : Қазақстан /Qazaqstan dina aksara Latin,basa Rusia : Казахстан / Kazakhstan), resmina dikenalRépublik Kazakhstan, nyaéta hiji nagaraAntarbuana nu sabagian loba daérahna kaasup wewengkonAsia Tengah jeung sabagian alit lianna kaasup wewengkonÉropa Wétan. Daérahna ngampar ti barisanPagunungan Altai di wétan, nepi kaLaut Kaspia di kulon, ngajieun nagara ieu nagara panglegana ka-9 di dunya, ka-2 panglegana dina nagara-nagara peupeusanUni Soviét saméméhRusia. Kalobaanana daérahna tepung wates jeungRusia, utamina di kalér jeung kulon. Di wétan, tepung wates jeungRépublik Rahayat Cina (propinsiXinjiang). Di kidul tepung wates jeungUzbékistan,Turkménistan,Kyrgyzstan jeungLaut Kaspia. Tempat panénggoran rokét antariksa Rusia,Baikonur, aya di Kazakhstan.
Bangsa Kazakh mangrupa etnik panglobana nu nempatan daérah Kazakhstan jeung mangrupa katurunan ti kabilahTurki jeungMongol. Di awal abad 18, Kazakhstan dieréhan kuRusia. Dina abad 19, jeung wewengkon diAsia Tengah lianna, populasi Kazakhstan ngenalan jeung ngagemagama Islam. Nalika révolusi komunis meunang di Rusia jeungUni Soviet diwangun, ti taun 1920, Kazakhstan dijadikeun salah sahiji ti 15 nagara nu kaasup dina Uni Soviét. Kazakhstan mroklamasikeun kamerdékaanna dina16 Désémber1991.