Kawah Putih mangrupa salah sahji tempat wisata diBandung anu paling populér.[rujukan?] Objék wisata nu hiji ieu, bisa di aksés ti Jl.Raya soréang-Ciwidéy, jeung lokasina teu jauh tiSitu PaténggangCiwidéy. Ti pusatkota Bandung, jarakna kurang leuwih 50 km kiduleun Bandung. Sacara géografis, Kawah Putih aya di kawasan pagunungan anu jangkungna dugi 2.400 meter dpl.[rujukan?] Teu héran mun hawa di aréa wisata Kawah Putih téh tiis jeung seger.[rujukan?] Hawa sapopoéna di Kawah Putih bisa tepi ka 8oC.[rujukan?] Matak, tong poho mawa jekét atawasweater kandel.[rujukan?]
Carita ngeunaan Kawah Putih ieu, dimimitian basaabad ka-10.[rujukan?] Baheula aya kajadian bitunaGunung Patuha anu gedépisan.[rujukan?] Sanggeus bitu, aya kajadian anéh, di mana réamanuk anu hiber ngaliwatan Kawah Putih ngadadak maraot.[rujukan?] Numatak warga anu aya disabundeurannana nganggap yén tempat éta téh angker.[rujukan?] Lila-lila éta daérah teu angker deui.[rujukan?] Pangpangna sanggeus taun1837, ahlibotani asalJerman, Dr.Franz Wilhelm Junghuhn, ngayakeun panalungtikan di kawasanCiwidéy jeung ahirna nepi di puncakGunung Patuha sarta nempo kaayaan situ anu bodas tur kacida éndahna.[rujukan?] Di Situ éta, kaambeu bau warirang anu bau pisan.[rujukan?] Ti saprak harita, objék Wisata Ciwidéy loba nu apal.[rujukan?]
Objék Wisata Kawah Putih, sabenerna mah situ anu asalna tina bitunaGunung Patuha.[rujukan?] Sakumaha ngaranna, taneuh di wewengkon ieu, warnana bodas, warna ieu asalna tina campuran unsurwarirang.[rujukan?] Salian ti éta, cai situna gé warnana bodas kahéjo-héjoan jeung warna ieu gé bisa robah kumaha luhur handapna suhu, faktor cuaca, jeung kadarwarirangna.[rujukan?]
Ku pamaréntah lokal, kawasan ieu, mimiti dimekarkeun ti taun1987 minangka objék déstinasi wisata alam anu éndah.[rujukan?] Sacara bertahap, fasilitas panunjang diayakeun pikeun ngadukung kaayaan alam wisatana.[rujukan?] Ti mimiti akses transportasi ti panto gerbang nepi ka kawah, aréa parkir anu lega, pusat informasi, restoran, warung makan, mushola, nepi ka toilet umum.[rujukan?]
Hiji hal anu matak kataji ku Kawah Putih nyaéta lobana kagiatan anu bisa dilakukeun di dieu, mimiti ti menikmati kaéndahan kawah, mendaki, berkuda, ngalukis, nepi kapre-wedding (poto pangantén).[rujukan?]
Pamandangan di Kawah Putih éndah pisan.[rujukan?] Ti kajauhan, geus katempo taneuh anu warnana bodas lir salju, ku lantaran kadarwarirangna gedé kénéh, Anjeun disarankeun mawa masker jeung wisatawan gé dianjurkeun ulah lila teuing di aréa Kawah Putih, ku sabab bisa ngaganggu pernapasan.[rujukan?]
ku sabab kaunikan alamna anu éndah, loba pasangan pangantén anu ngaabadikeun momenpre-wedding ku cara di poto anu latarna Kawah Putih diCiwidéy ieu.[rujukan?] Spot paporit anu sering diabadikeun nyaéta, aréa dekeut situ jeungbackground pasir sarta tatangkalan.[rujukan?]
Wisatawan anu daratang di Kawah Putih ogé bisa menikmati kaéndahan alam diSitu Paténggang ku sabab jarakna dekeut.[rujukan?] Salian ti éta, anjeun bisa mulih kaKota Bandung keur wisata kulinér Bandung anu murah atawa balanja anu unik.[rujukan?]
[Kawah Putih Ciwidey, Satu Lagi Pesona Alam di Bandung - INITEMPATWISATA.com] (tanggal akses 02 juni 2015)(id)