Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Kaulinan

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Artikel ieu teu bogarujukansumber nu bisa dipercaya jadi eusina teu bisa divérifikasi.
Pitulungngabenerkeun artikel ieu kalawan nambihkeun rujukan nu bener.
Artikel nu teu bisa divérifikasi bisa dihupus kuKuncén.

Kaulinan nyaéta kagiatan rekréasi nu digawekeun ku saurang pamaen atawa leuwih, dina harti a) usaha pamaen keur meunangkeun kaulinan jeung b) sababaraha aturan ngeunaan naon anu bisa dipigawe ku pamaenna. Kaulinan dimaénkeun utamana keur karesep atawa kasenangan. Kaulinan téh sipatna global, hartina méh aya di unggal nagara di sakuliahdunya. Wangunna aya anu modéren aya ogé anu tradisional. Kaulinan bisa ogé saurang pamaen ulin nyorangan, tapi leuwih ilahar mangrupa kompetisi antara dua urang atawa leuwih. Lamun ngalakukeun hal anu di saluareun aturan, éta téh mangrupa palanggaran atawa kalicikan.

FilsufDavid Kelley, dina karya populérnaThe Art of Reasoning, ngadéfinisikeun konsép “kaulinan” minangka “hiji wangun rékréasi anu diwangun ku saperangkat aturan anu nangtukeun objék anu rék dihontal kalawan make cara-cara anu diijinan pikeun ngahontal éta.” Ieu ngawengku réa conto kaulinan, tapi teu cukup luyu kana kaulinan peperangan jeung olah raga anu sering dilakukeun lain keur hiburan tapi keur ngawangun kaparigelan pikeun dipaké deui engkéna. DinaPhilosophical Investigation, filsufLudwig Wittgensein boga sawangan yén konép “kaulinan” téh teu bsia dikandung ku définisi tunggal, tapi kaulinan téh kudu disawang minangka rangkay définisi anu boga “kamiripan kulawarga” nu hiji jeung nu séjénna.

Sapanjangsajarah manusa, kaulinan dipaké pikeun ngahibur diri sorangan jeung ogé pikeun jalma séjénna kalawan aya rupa-rupa variasi kaulinan. Réa widang téknis anu sering dilarapkeun pikeun diajar kaulinan téh, kaasupprobabilitas,statistik,ékonomi,étnomatématika, jeung téori kaulinan.

ethnomathematics, andgame theory.

Kaulinan Budak Sunda

[édit |édit sumber]

Pikeunurang Sunda ti baheula geus dipikawanohkaulinan budak tradisional.Ieu kaulinan téh sumebar di wunggal wewengkon Sunda (Jawa Barat jeungBanten). Réréana kaulinan budak téh dilakukeun di kampung-kampung anu masih kénéh mibanda lahan anu lega. Sanajan kitu, sok kapanggih kénéh kaulinan anu dilakukeun di pakotaan.

Sababraha kaulinan budak anu umum dipikawanoh téh di antaranapérépét jéngkol,oray-orayan,cingciripit,kaléci,béklen, jeunggalah asin.

Rupa-rupa Kaulinan di Luar Nagri

[édit |édit sumber]

See also

[édit |édit sumber]

External link

[édit |édit sumber]
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Kaulinan&oldid=667031"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp