Movatterモバイル変換


[0]ホーム

URL:


Lompat ke isi
WikipédiaÉnsiklopédi Bébas
Paluruh

Katuncar

Ti Wikipédia Sunda, énsiklopédi bébas
Ketumbar
Ketumbar
Klasifikasi ilmiah
Karajaan:
Divisi:
Kelas:
Ordo:
Kulawarga:
Génus:
Coriandrum
Spésiés:
C. sativum
Ngaran binomial
Coriandrum sativum

Katuncar,ᮊᮒᮥᮑ᮪ᮎᮁ (Coriandrum sativum) nyaéta ngarantutuwuhan anu biasa hirup dinarungkun.[1][2]Watangnakaian tur mibogaakartunggang.[2]Daunna daunmajemuk,warnana héjo semu bodas.[2]Kembangna sigapayung,makutana diwangun tina 5 daunmakuta,warnana bodas atawa beureum ngora.[2]Buahna pasagi atawa buleud,warnana héjo saupama geus kolot jadi warna konéng semu coklat.[2]Sikina buleudwarnana coklat, ukuranana laleutik sigasikipedes, tapikulitna teu teuas.[2][3]Siki katuncar ngandungsaponin, flavonoida jeungtanin.[2]
Katuncar asalna tidaratantropis nyaétaMediteranian jeungAsia tuluy sumebar kaÉropah.[3]Siki katuncar nu seungit bisa nambahan rasaasakan tapi teu seukeut teuing dinalétah.[3] Katuncar biasana dipaké pikeunsambaragoréngan, contona gorénghayam,empal,gepukdagingsapi,tahu,témpé,lauk sarta sajabana.[3] Ieusamara téh kacida kakoncarana dinaasakanAsia séjénna kawasThailand jeungVietnam, sartaIndia.[3] Katuncar geus kakoncara ti rébuan taun sameméh masehi diMesir.[3] DiÉropa, katuncar dipikawanoh ti jamanRomawi sartaYunani.[3] DinaasakanÉropah modérn, biasana katuncar dipaké pikeunsambarasteak atawa beuleumdaging.[3] Sajaba minangkasambara, katuncar ogé dimangpaatkeun minangkaramuantradisional.[3] Kandungan dinasiki katuncar bisa ngubaran gangguancerna,panas dalam,asup angin,sariawan,radanglambung,seueul sartahaid nu henteu teratur.[3] Katuncar ogé bisa nambahan napsu dahar, ngalancarkeunASI, nyingkahandarah tinggi, ogé nungkulan masalahdisfungsiseksual lalaki.[3]

Referensi

[édit |édit sumber]
  1. Jonathan, Rigg; Jonathan (1862),A Dictionary of the Sunda Language of Java, Universitas Harvard: Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen, p. 209 Cite uses deprecated parameter|coauthors= (bantuan);Unknown parameter|Url= ignored (|url= suggested) (bantuan)
  2. abcdefgKetumbarArchived 2011-10-25 diWayback Machine(id) (Diakses ping 1 November 2011)
  3. abcdefghijkKetumbarArchived 2010-08-08 diWayback Machine(id) (Diakses ping 1 November 2011)
Wikimedia Commons mibanda média séjénna nu patali jeungCoriandrum sativum.
Dicomot ti "https://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Katuncar&oldid=661058"
Kategori:
Kategori nyumput:

[8]ページ先頭

©2009-2025 Movatter.jp