Areuy katongkat panjangna bisa nepika 2.5 méter, régangna pajégar tur henteu buluan.[2] Daunna nunggal nyebar méh pasinghareup-singhareup.[2] Ieu tutuwuhan loba kapanggih hirup méh disakabéh kapuloanIndonésia, hirup ngarambat kalayan mibandabeuti anu mangpaatna pikeun kalumangsungan hirup ieu tutuwuhan mangsa usumhalodo tarik. Beutina ngandung racun, sanajan kitu bisa dimangpaatkeun pikeun ubar.[2]
Katongkat kembangan di mana manjing usum hujan, kaasup tutuwuhan terna anu umur hirupna nahun. Ieu tutuwuhan mikaresep daérah anu negrak tur katojo ku cahaya panonpoé, hirup ti mimiti daérah basisir nepika tonggoh 300 méter luhureun beungeutcailaut.[2]
Ieu tutuwuhan remen dimangpaatkeun salaku tutuwuhan hias di pakarangan, alatan mibanda kembang anu méncrang sarta wujudna béda tinu lian.[2]
Katongkat mibanda ngaran daérah anu béda-béda:Kembang jonggrang; kembang kuku macan (Jakarta),Kembang sungsang; dongkel sungsang; mondalika; pancing tawa (Jawa),Mandhalika (Madura),Mandalika (Bali)
Di [Australia]], katongkat remen katempo hirup di sisi basisir kiduleunQueensland jeungNew South Wales"[3]. Dianggap hama alatan hirup ngababadeg nutupan basisir, ogé ngabalukarkeun weureu/karacunan pikeun rupa-rupasato utamanamanuk.[2]
Katongkat bisa direkahkeun kujalan dipelak tina sikina, sikina anu teuas bisa disimpen 6 nepika 9 bulan"[4]. Bisa ogé dipelak tina beutina anu geus kolot,beutina diruang deui kutaneuh engké baris bijil deui sirungna[5].
↑Heyne, K. (1913).DE NUTTIGE PLANTEN VAN NEDERLANDSCH-INDIË. Library New York Botanical Garden: RUYGROK & Co BATAVIA. hlm. 468. Diaksés tanggal (disungsi) 1 Januari 2022.